Pepeling Prabu Siliwangi
Ayun ambing ayun ambing, si utun nya geura nyaring geus nyaring
sumangga nyandung.saha eta anu bade sumping geura papag geura giring pakakas
sinar sinungling kebo bule macan runcing .
saha anu hanteu eling berul amberul teu aya langling anu kedah silih
geuing satungal batur teu eling anu kedah silih geuling iman marifat kudu
nyandung
tetegkeun raga awaking supaya
jadi ulah langljng waktu sapoe sapeuting diri saha anu nyangking saterangna
manusia ginding
sakedap deui bade sumping munding bule rupa kuring gagah rongkah
kaliwat saking opat ratus balad ngiring ratu boyongan anu nyanding nu kasebat
ratus jungkering
maksadna rek ngadu tanding burak
barik munding runcing jegursiwur sinawuran soar siamuk geuruman tujuh kali
patembalan
metuna jurig setan siluman kabeh pada leungit iman pada leungit sandang
pangan jelma jelma kabeh katurelenganpada gugur babarenganheunteu aya nu
nulungan
susumbar ratu nu tadi bongan maneh teu ngahiji cunuk waktu ningang
wangi kanu arek indit ti bumi lilana sasuka kami angan jangji kami anu tadi
kanu suci jeung ngahiji
lamun maneh acan sami lami kami ningalkeun bumi dimana maneh nges sami
kami pasti balik deui nagan janji kami anu tadi kamu suci jeung ngahiji
tangtu betah kami ngahiji saupami anjeun sami pasti suci sareng mukti
di sarengan nyata ku kami naon kahayang pasti tepi apan aing ngarah nyai seri
puhu ratu siliwanggi anu geulis pasti kami dimana jalma manusia anu
ngari sareng nyesa katiban pangawasa jadi manusia wisesa
da tadi na sok ngabakti nyumponan kahayang kami moal jauh meneh jeung
kami pamulang asihna kami pasti terang maneh ngari campur ripuh maneh seuri
nyata ratu ing manusia nu bisa nyapih pasea di muka bumi nu lega
campurna angkara murka anu hayang pada mulya anu nyapih na jelma hina
sumping jalma hina ka jalma teu diupama pedah gorengnya rupa padahal
eta ratuna nu nyumput goreng bajuna anu nyapih na jelma hina
anu bisa mere adil ka sakabeh, nu di damelna geus ditugaskeun ke abdina
dipiwarang jadi wakilna di muka bumi langit na gusti idin jadi ratu anjeuna
iyeu aing geus waktuna nyakrawati di bumina geular aing jeung sucina
jelma anu nyesena jadi manusia sempurna di panggihkeun jeung mulyana
aing nyata ratu sunda iyeu bumi anu saha .jin setan silumannasia balik
ka asal sia tempat tadi di manacicing sia teh dimana
jadi tangtu manusia suci diri
bukti cipta gusti sadar suci anu ngari anu dugika kiwari ratu pasti anu suci
sang ratu kabeh satuhu kabeh jelma theh rahayu sandang pangan pada
ngabaju gemah ripah nya tangtu subur makmur tangtu milu
ratu tangtung aing wujudna ratu mimin damar wulan ratu adil palamarta
ratu gemah ripah lohjinai ratu pasti nami gusti jungjunan langit pangeran kudrat
pasti
Tidak ada komentar:
Posting Komentar