Selasa, 16 Februari 2021

"ukireun dina lalangit ,tataheun di jero iga"

 sumber :http://libraryinthesky.blogspot.com/2011/07/papatah-kolot-kapungkur.html

"TEGUH pada adat istiadat leluhur SUCI"


(Papatah, Patitah dan Talatah.)



Hubungan Dengan Tuhan (Yang Maha Kuasa)
  • Mulih kajati mulang kaasal
  • Dihin pinasti anyar pinanggih
  • Melak cabe jadi cabe melak bonteng jadi bonteng, melak hade jadi hade melak goreng jadi goreng 
  • Manuk hiber ku jangjangna jalma hirup ku akalna
  • Nimu luang tina burang
  • Omat urang kudu bisa ngaji diri 
  • Urang kudu jadi ajug ulah jadi lilin 

Hubungan Dengan Sesama Mahluk
  • Ngeduk cikur kedah mihatur nyokel jahe kedah micarek 
  • Sacangreud pageuh sagolek pangkek.
  • Ulah lunca linci luncat mulang udar tina tali gadang, omat ulah lali tina purwadaksina 
  • Nyaur kudu diukur nyabda kudu di unggang
  • Kudu hade gogod hade tagog 
  • Kudu silih asih, silih asah jeung silih asuh
  • Pondok jodo panjang baraya 
  • Ulah ngaliarkeun taleus ateul 
  • Bengkung ngariung bongok ngaronyok 
  • Bobot pangayun timbang taraju 
  • Lain palid ku cikiih lain datang ku cileuncang 
  • Kudu nepi memeh indit 
  • Taraje nangeuh dulang pinande
  • Ulah pagiri- giri calik, pagirang- girang tampian 
  • Ulah ngukur baju sasereg awak 
  • Ulah nyaliksik ku buuk leutik
  • Ulah keok memeh dipacok 
  • Kudu bisa kabulu kabale 
  • Mun teu ngopek moal nyapek, mun teu ngakal moal ngakeul, mun teu ngarah moal ngarih 
  • Cai karacak ninggang batu laun laun jadi dekok 
  • Neangan luang tipapada urang 
  • Nu lain kudu dilainkeun nu enya kudu dienyakeun 
  • Kudu paheuyeuk- heuyeuk leungeun paantay-antay tangan 
  • Ulah taluk pedah jauh tong hoream pedah anggang jauh kudu dijugjug anggang kudu diteang 
  • Ka cai jadi saleuwi kadarat jadi salogak 


 Hubungan Dengan Alam
  • Gunung teu meunang di lebur, sagara teu meunang di ruksak, buyut teu meunang di rempak 
  • Tatangkalan dileuweung teh kudu di pupusti 
  • Leuweung ruksak, cai beak, manusa balangsak 

Nasihat-nasihat lainnya.
                                          
  • Kalayan hapunten bilih kirang tata kirang titi duduga peryoga cologog sareng sajabina. Maklum ciri sabumi cara sadesa, bilih aya cara nukacandak ti desa nu kabantun ti kampung nukajingjing ti patepitan, bilih teu sapuk sareng mamanahan. Punten nu kasuhun.
  • Jeng dulur mah tong nepikeun tileletik silih ala pati, tilelemet getreng, tilelembut silih ala umur, tibubudak silih ala nyawa.
  • Ulah nuduh kanu jauh, ulah nyawang kanu anggang, nu caket geura raketan nu dekeut geura deueusan. Moal jauh tina wujud moal anggang tina awak, aya naon jeung aya saha? Tina diri sorangan, cirina satangtung diri. Pek geura panggihan silaturahmi teh jeung diri sorangan, ulah waka nyaksian batur, saksian heula diri sorangan kusorangan weh.
  • Sing diajar nulung kanu butuh, nalang kanu susah, ngahudangkeun kanu sare, ngajait kanu titeuleum, nyaangan kanu poekeun., mere kanu daek, nganteurkeu kanu sieun
  • Saban-saban robah mangsa ganti wanci ilang bulan kurunyung taun, sok mineng kabandungan manusa sanajan ngalamun salaput umur kahayang patema-tema kareup hanteu reureuh-reureuh, dageuning anu bakal karasamah anging kadar ti pangeran, manusa kadar rencana, Kabul aya tinu maha agung, laksana aya tinu maha kawasa.
  • Beurat nyuhun beurat nanggung beurat narimakeunnana. 
  • Nyumput buni tinu caang, negrak bari teu katembong. 
  • Tong Kabobodo tenjo, kasemaran tingali.
  • Najan Buuk hideung jadi bodas, dada antel kana bumi, buluan belut, jangjangan oray. moal waka wangsul saacan kenging ridho Gusti.
  • Indung anu ngandung bapa nu ngayuga, indung ngandung salapan bulan melendung, tapi indung henteu pundung sabab taqdir tinu maha Agung.         Alam nirwana, alam asal, poe panjang, Nagara tunjung sampurna, nu baheula ka alaman, ngan kahalangan ku poho, sabab poe kamari lain poe ayeuna. 
  • Wayang nyaeta gambaran kahirupan manusa Nu dipipindingingan ku silip sindir, dihalangan ku siloka sareng sasmita, kalayan dirimbunan ku gunung simbul.
  • Geus loba pangarti nu kapimilik, pangabisa nu geus kapibanda, elmu nu geus katimu. kari diamalkeun
  • Mipit amit, ngala menta, nyukcruk walungan, mapay wahangan, nete taraje, nincak hamalan, ipis lapis, kandel tapel. 
  • Sing waspada jeung permana tinggal.
  • Inditna ulah ngagidig, nyokotna ulah ngaleos, mawana ulah ngalengkah.
  • Meredih tina ati, menta tina manah. Menekung kanu Maha Agung, muja brata kanu Maha Kawasa
  • Pasti teu bisa dipungkir, kadar teu bisa di singlar, papasten nu tumibar.
  • Sing bisa nilik kana diri, bisa ngukur kana kujur.
  • Elmu teh bakal ngancik tinu nyaring, bakal cicing dinu eling
  •  Niti wanci nu mustari, ninggal mangsa nu sampurna, kahirupan di dunya taya lian keur taqwa.
  • Bagja dimana boga sobat medok, istri denok, sawah ledok.
  • Nu geulis jadi werejit, nu lanjang jadi baruang.
  • Nyukcruk galur nu kapungkur, mapay laratan anu baheula, nitih wanci nu kamari, ninggang mangsa nu sampurna. Sanajan urang beda tapi sarua, sanajan teu ngahiji tapi sa ati, milari ridho gusti nu Sajati.
  • Tunggul tong dirurud, catang tong dirumpak, hirup katungkul ku umur, paeh teu nyaho dimangsa. Sing inget kana purwadaksi, purwa wiwitan, daksi wekasan. Hartina sing apal kana diri, asal timana?, cicing dimana? Balik kamana?
  • Urang teh bakal pinanggih jeung poe akhir, nu ngandung harti poe pamungkas, raga ditinggalkeun nyawa, maot pingaraneunana. Bakal digiring kurung keur kuring, bakal dibulen saeneng-eneng, bakal ngagebleg deui jeung mantena.
  • Hirup katungkul ku umur, paeh teu apal dimangsa, numatak rinik-rinik kulit harti, cicing harti ngawincik diri, mun nyaah kana raga sing nyaho kana dasar agama.
  • Nu bener dibenerkeun eta bener, nu salah disalahkeun eta bener. Nu bener disalahkeun eta salah, nu salah dibenerkeun eta salah.
  • Ratu tara ngahukum, raja tara nyiksa, melak cabe jadi cabe, melak bonteng jadi bonteng, melak hade jadi hade, melak goreng jadi goreng.
  • Ulah taluk pedah jauh, tong hoream pedah anggang, tong cicing pedah tebih jauh kudu dijugjug, anggang kudu diteang, tebih kudu di sungsi.
  • Urang kabeh teh  Reket dengdeng, papak sarua. (Sarua)
  • Teu ngakal moal ngakeul, teu ngarah moal ngarih, teu ngoprek moal nyapek.
  • Eta dina hate maneh leungitkeun sifat sirik, pidik, jail, kaniaya, iren, pangasten, dudupak, rurumpat, ngumpat, simuat, ujub, takabur, nyaci,  maki, jeung pedit
  • Pangarti nu jadi ciri, kagagahan anu rongkah, kapangkatan nu dipiwegah, geuning percuma tanpa dibarengan ku kaimanan jeung kataqwaan kanu kawasa.
  • Kade loba jalma nu jadi Bibit rurujit. Indung rurusuh. (provokator)
  • Bakal bagja dimana hiji nagara geus Sepi paling, towong rampog, nudigawe simpe hate, kaum buruh teu ripuh, karyawan sarenang, para tani sugih mukti, nu dagang ge sugema.Rakyatna dititah gotong royong teu popolotot, dititah bebersih teu cecerengir, dititah nyumbang teu nararantang.
  • Bru dijuru, bro dipanto, ngalayah di tengah imah, buncir leuit, loba duit, ngenah nyandang, ngenah nyanding, ngenah nyandung.
  • Para ratu mikayunyun, para menak mikaserab, kolot ngeso, budak era, deungeun-deungeun mikadeudeuh.
  • Tong Kumeok memeh dipacok, biyuni hayam kabiri, bodas ceuli. 
  • Indit kudu bari cicing, lumampah ulah ngalengkah.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar