Jumat, 09 September 2022

ingSUmMeDANGan

Sir budi cipta rasa
Sir rasa papan raga
dzat marifat wujud kula 
maring Purbawisesa
Terahwisesa
Ratu Galuh.

Pepeling Tajimalela:

Sumanget ka Sumedangan
tara ngukut kanti risi
tara reuwas ku beja
sikepna titih caringcing
jauh tina hiri dengki
nyekel tetekon nu luhung
gagah bedas tanpa lawan
handap asor, hade budi
kaSABARan nyata, elmu katunggalan

Sumedang rang rang;

gunung di tugaran
tatangkalan di tuaran
cai kasaatan
sawareh pangagung unggah paliwat tangan
teu saetik rahayatna nu balangsak
nu jadi marga lantaran
patetongan,
teu layeut jeung duduluran
pagirang-girang tampian

deudeuh teuing Sumedang
deudeuh teuing Ki Sunda
mugia Sumedang sirungan
mugia Sumedang daunan
mugia Sumedang kembangan
mugia Sumedang buahan

rahayu Sumedang
rahayu Ki Sunda
rahayu, rahayu, rahayu


Tidak ada komentar:

Posting Komentar