BABASAN
PARIBASA SUNda.
Dina
basa sunda sok aya nu disebut babasan ( babasaan ) jeung oge aya nu disebut
paribasa. Cara gampang pikeun ngabedakeunnana biasana dina wangunan kalimah.
Babasan biasana kalimahna parendek sedengkeun paribasa biasana kalimahna
paranjang.. Di handap ieu aya sawatara anu kaasup Babasan oge paribasa, pek
bedakeun ku sorangan mana babasan ? mana paribasa ?
Maung
ngamuk gajah meta
-
aya kariweuhan.
Geulis
kawanti-wanti endah kabina-bina
/
Geulis bawa ngajadi endah bawa ti kudrat
-
Geulis pisan
Di
dinding kelir di sindang siloka
-
di kiasankeun
Kakoncara
kamana-mana, ka jamparing angin-angin
-
Geus kacida dipiwanohna
Geletuk
batuna, gejebur caina
-Kacindekan
ahir
Indung
tungkul rahayu, bapa tangkal darajat
-
Nu jadi kolot kudu pohara di hormatna..
Tunggul
di rarung, catang di rumpak
-
Nyingkirkeun sagala hahalang
Inggis
ku bisi, rempan ku sugan
-
Rasa kasieun jeung hariwang
Takdir
teu bisa dipungkir, qadar teu bisa di singlar
-
Teu bisa mungkir tina takdir
Legok
tapak genteng kadek
-
Loba pangalamanna
Urang
teundeun di handeuleum sieum, Tunda di hanjuang siang
-
Teundeuh sing rapih
Nete
taraje nincak hambalan
-
ati-ati dina rengkak paripolah
Carincing
pageuh kancing, saringset pageuh iket
--
Waspada
Kagunturan
madu, kaurugan menyan putih
-
Bungah kacida
Katarik
ati kagendang asmara
--
Jatuh cinta
Teu
unggut kalinduan, teu gedag kaanginan
--
Teguh pendirian
Cunduk
waktu nu rahayu, niggang mangsa nu sampurna, niti wanci nu mustari
--
Tepat pada waktunya
Ka
cai jadi saleuwi, ka darat jadi salebak
--
Selalu bersama
teu
nyaho di alip bingkeng
bodo
teu bisa maca-maca acan, da teu sakola
buluan
belut, jangjangan oray
pamohalan
kajadian
sabuni
buni anu ngising
sanajan
dibunian atawa disumputkeun oge ari laku lampah anu goreng mah awal akhir sok
kudu kanyahoan bae
nyolok
mata buncelik
nganyenyeri,
ngahina atawa ngawiwirang di hareupeunana
buruk
buruk papan jati
ka
sobat atawa ka baraya mah sok hayang ngahampura bae lamun aya kasalahan teh
teu
ngalarung nu burung, teu nyesakeun nu edan
ngalajur
napsu ka awewe, ka anu halal jeung anu haram oge disaruakeun bae
leutik
burih
euweuh
kawani / elehan
daek
macok embung dipacok
daek
ngarah kana rejeki atawa pakaya batur, tapi diarah rejekina atawa pakayana ku
batur mah embung
dagang
oncom rancatan emas
ari
modalna gede kacida, ngan batina anu diarah kacida leutikna
caang
bulan dadamaran
migawe
nu kurang mangpaat
disakompet
daunkeun, dihurun suluh
dihijikeun
bae, disaruakeun bae, teu dibeda beda
deukeut
deukeut anak taleus
ari
imahna mah puguh padeukeut, ngan hanjakal teu nyaho tibareto yen baraya
ngadeupaan
lincar
ngadeukeutan
anu keur sidekah atawa kariaan, supaya katenjo ku anu boga imah jeung diajak
dahar
dihin
pinasti, anyar pinanggih
baheula
ditangtukeunana, ngan kakara ayeuna kalakonanana atawa kapanggihna
loba
teuing jaksa
loba
teuing anu pinter nu ngatur jeung mapatahan, balukarna matak bingung nu
dipapatahan
aya
jalan komo meuntas
aya
lantaran anu diarep arep ti tadina nepi ka maksud urang gancang kalaksanakeun
meuli
teri meunang japuh = nyair hurang meunang kancra
kalawan
teu disangka sangka meunang milik, darajat atawa kauntungan anu leuwih gede
sereg
di panto logor di liang jarum
nyingkahan
hirup kumbuh jelema loba, sabab loba dosa, loba kasieun jeung kaera, betahna
dinu suni nu teu aya jelema
taya
tangan pangawasa
jiga
anu dipupul bayu, henteu boga tanaga
aya
nu dianjing cai
aya
nu diarep-arep atawa dihéroan. Kecap héro murwakanti jeung séro, ari séro nu
disebut anjing cai téa.
peureum
kadeuleu beunta karasa
ngagambarkeun
nu kaédanan sok inget baé ka nu dipikabogoh
samar
polah samar rasa
henteu
puguh tingkah upamana ku sabab tepung jeung jalma anu dipikacinta tapi kakara
disidem dina haté baé, tacan bruk-brak
seungit
angin-anginan
seungit
pisan meleber ka mana-mana
satungtung
deuleu
ngagambarkeun
anu upluk-aplak lega pisan
ciri
sabumi cara sadésa
masing-masing
tempat bogaeun adat séwang-séwangan anu henteu sarua
kudu
bisa pindah cai pindah tampian
kudu
bisa nyaluyukeun manéh jeung lingkungan anu anyar dicicingan;
henteu
terus jeung haté
henteu
saenyana, ngan ukur omong baé
silih
jenggut jeung nu gundul
ménta
tulung ka papada anu sarua butuhna atawa sarua papada henteu boga
legok
tapak genténg kadék
réa
pangalaman jeung kanyaho
désa
maca cara nagara mawa tata
ngagambarkeun
yén kaayaan jeung adat kabiasaan di désa jeung kota (nagara) téh béda-béda
heureut
deuleu pondok léngkah
ngagambarkeun
sundek kanyaho ku sabab henteu réa babandingan da kurung batok
ngabéjaan
bulu tuur
ngabéjaan
jalma nu geus nyahoeun
puraga
tamba kadengda
ngajalankeun
paréntah sahayuna, asal ulah disebut henteu nurut kana aturan; digawé asal baé
poék
mongkléng buta rajin (atawa buta radin)
poék
pisan, sasatna henteu témbong curuk-curuk acan
ulah
leutik haté
ulah
sieun atawa putus pangharepan
kabur
pangacian
sarua
jeung kapupul bayu, leungit tanaga jeung sumanget
muncang
labuh ka puhu
jalma
nu saumur-umur ngumbara balik ka tempat asalna atawa tempat lahirna.
Bandingkeun jeung kebo mulih pakandangan
garo
singsat
samar
polah henteu sabar ku sabab nu didagoan henteu jol baé. Nu sok digambarkeun
garo singsat mah awéwé
nuturkeun
indung suku
leumpang
sakaparan-paran, ku sabab henteu puguh tujuan
dahar
soré henteu isuk
ngagambarkeun
jalma miskin anu henteu bisa dahar dua kali sapoé, biasana digunakeun dina
carita atawa dongéng
dug
hulu pet nyawa
digawé
henteu ngingetkeun kacapé ku sabab hayang nyiar napakah keur anak pamajikan nu
cukup
sisit
kadal
sial
tanda
wisnu
tanda
bawa waktu lahir dina badan, biasana henteu daékeun leungit nepi ka kolot
nepi
ka kaurugan taneuh beureum
nepi
ka maot. Biasana digunakeun pikeun némbongkeun kainget nu moal laas-laas ka
jalma anu geus nulungan atawa nyieun kahadéan
teu
uyahan
henteu
nyari atawa kurang ajar. Pikeun nyebut jalma anu kalakuanana atawa omonganana
henteu merenah
sakecap
kadua gobang
ngagambarkeun
sipat jalma anu gampang ambek. Bandingkeun jeung ambekna sakulit bawang
geus
euweuh pangabetah
geus
henteu aya nu matak betah
ngaginding
sataker tanaga (atawa sataker kebek)
dangdan
sangkan ginding pisan, sagala rap dipaké
gandrung
kapirangrung
kaayaan
jalma anu kaédanan
heurin
ku létah
rék
nyarita kagok atawa sieun. Jalma leutik biasana ngarasaeun heurin ku létah rék
nyarita satarabasna ngeunaan kaayaanana ka nu di luhur
kawas
hayam keur endogan
élékésékéng
henteu sabar, cilingcingcat ka ditu ka dieu, samar cabak ku lantaran hayang
geura tepung atawa hayang geura ngadéngé béja nu ditunggu-tunggu
satru
kabuyutan
musuh
tuturunan, atawa musuh gerot
tunggal
sakocoran
masih
sakaruhun, masih aya katalian pancakaki
sawan
geureuh
gagal
ku lantaran geus diomongkeun ku balaréa, cara nu lila teuing papacangan tapi
henteu jadi, disebut sawan geureuh. Sawan téh panyakit nu biasa terap ka budak.
jadi
lalab rumbah
jadi
bahan omongan sapopoé. “Teu nyana Engkang téh mung alus saur wungkul, beurat
cinta dianggo lalab rumah, horéng ukur semet lambey”
luncat
mulang
jalir
tina jangji, omonganana henteu bisa dicekel, da robah-robah saban waktu
ngembang
kadu
olohok
bawaning akgét. Kembang kadu téh disebut olohok.
asa
aing uyah kidul
asa
aing pangpinterna atawa pangbeungharna, cindekna pangpangna. Uyah kidul cenah
kadarna leuwih réa, jadi karasana leuwih asin manan uyah ti laut séjénna
ditincak
hulu
dihina
lain lumayan, dihina lak lak dasar/bebeakan
mangduakeun
nyolowédor,
salaki atawa pamajikan neundeun haté atawa ngayakeun hubungan cinta jeung nu
séjén
kumaha
geletuk batuna, kecebur caina
kumaha
béhna, kumaha kajadianana baé
pondok
jodo panjang baraya
sanajan
geus papisah tapi ari duduluran mah ulah pegat kudu terus nganteng saendengna
sapu
nyéré pegat simpay
pileuleuyan,
kalimah anu sok diucapkeun waktu rék papisah ku sabab aya nu rék lunta jauh
atawa pindah ka tempat séjén. Sok ditambahan: paturay patepung deui. Sapu nyéré
téh apan disimpay ku pameungkeut, lamun simpayna pegat, pasti nyeréna mancawura
ambek
nyedek tanaga midek
rék
ngalawan tapi henteu walakaya
julig
ati
goréng
haté, hianat
teu
kénging disupa dulang, teu kénging dibébénjokeun
wawangsalan
nu ngagambarkeun kasono nu henteu bisa disisilihan ku naon baé. Supa dulang =
kéjo, sangu. Kecap kéjo murwakanti jeung bébénjo
kajeun
kendor dapon ngagémbol
papatah
nu nitah sabar, ulah gurung gusuh, dapon hasilna mucekil
dedeg
sampé rupa hadé
ngagambarkeun
dedeg pangadeg budak ngora (lalaki) anu pikaresepeun nu nénjo, pangpangna awéwe
ngalambang
sari
awéwe
atawa lalaki nu geus boga salaki atawa pamajikan nu ngalakukeun hubungan séks
jeung nu lain muhrim; jinah
dikojayan
ditulungan
tina karurubed
jelema
andar-andar
jalma
anu henteu puguh asal-usul jeung padumukanana, galandangan
nyiduh
ka langit
méré
naséhat ka saluhureun nu leuwih terang jeung leuwih réa pangalamanana
ngahudang
timburu
nimbulkeun
kacuriga. Timburu di dieu lain dina hubungan antara lalaki jeung awéwé anu
katalian ku katresna.
ka
bau-bau sungut
omongan
anu moal didéngé, moal dipaliré, jadi taya gunana
garo-garo
teu ateul
gagaro
lain ku lantaran ateul, tapi ku sabab bingung pilakueun, biasana anu digarona
téh tukangeun ceuli
kurang
saeundan
rada
gélo, kurang jejeg, otak miring. Saeundan téh sapocong, nyaéta satengah
geugeus. Baheula paré dibeungkeut jadi pocongan tuluy dua pocong dihijikeun
jadi geugeus atawa gédéng.
kawas
kapuk kaibunan
ngagambarkeun
nu kalenger atawa kapupul bayu ilang tanaga, leuleus lungsé henteu tangan aya
pangawasa
asa
runtag bumi alam
asa
lebur kiamat / kawas rek kiamat
taya
dunya kinasihan
henteu
ngorétkeun naon baé. “Geus asa ka anak sorangan bae, taya dunya kinasihan, naon
baé gé moal dikorétkeun.”
randa
béngsrat
randa
anu waktu pipisahan jeung salakina masih kénéh parawan da henteu kungsi
ngayakeun hubungan badan ku sabab pista atawa élik
pohara
dagdag-dédégna
ngagambarkeun
jalma anu enyaan hayang ngaladénan sangkan nyugemakeun nu diladénanana
lébér
wawanén
gedé
kawani, henteu boga kasieun
teu
rék gedag bulu salambar
henteu
ngarasa sieun saeutik-eutik acan sarta moal mundur, rék terus ngalawan.
kawas
sisaru jadi
jalma
anu ngadadak kalaluar ti imahna riab ka mana-mana
murang-maring
ambek-ambekan
ka saha baé nu aya di deukeut manéhna
teu
boga pikir rangkepan
bolostrong,
sahinasna, nyarita atawa ngalakukeun hiji hal henteu nimbang-nimbang
piakibateunana
ngadék
sacékna, nilas saplasna
jalma
jujur nu tara pura-pura boh nyarita boh ngalakukeun naon baé, duméh aya nu
dipindingan atawa dirasiahkeun
ditéték
nepi ka bubuk leutikna
diterangkeun
kalawan écés sagala rupana, henteu aya anu disumput salindungkeun
neukteuk
méré (mari) anggeus atawa neukteuk mawa anggeus
ngajak
mutuskeun hubungan, embung papanjangan
murah
congcot hambur bacot
béréhan
dina barangbéré tapi gampang nyarékan jeung sok tara eureun ku sakeudeung ari
nyarékan téh
nganyar-nganyari
robah
adat, nyieun kalakuan anu tara-tara ti sasari, biasana jadi goréng da
nimbulkeun masalah
tambuh
laku
laku
nu taya gunana, upamana indit rék nagih ka tempat anu jauh, ari hég jalmana
keur euweuh di tempat, jadi nyamos.
murag
bulu bitis
landian
jang jalma anu tara betah di imah
lungguh
tutut
jalmaanu
katingalina cicingeun (tara ka lawan jenis) tapi kabogohna aya dimamana
ngarah
pati
rék
maéhan, rék ngala patina.
pahatu
lalis
biasana
budak anu geus henteu indung henteu bapa, nunggelis, hirup nyorangan henteu aya
tempat nyalindung.
sada
gelap salésér
sora
guludug anu ruruntuyan anu matak kagét jeung sieun, biasana dilarapkeun ka
jalma anu ngarasaeun kagét ku lantaran ngadéngé omongan anu henteu disangka
pisan tur matak wirang malah ngabahayakeun ka dirina.
seuri
maur
seuri
bari semu nyeri jeung éra, seuri kapaksa.
sisit
kadal
goréng
milik, sakapeung disebut goréng sisit. Jigana keur urang Sunda mah sisit téh
nangtukeun kadar.
teu
aya nu dikilungan
teu
aya anu disumputkeun, sagala rupana dicaritakeun sajalantrahna.
hayang
ngarebut payung
hayang
ngarebut kalungguhan atawa kapangkatan sabab di “jaman normal” mah, gegedén téh
sok dipaparin payung luyu jeung pangkatna.
lébér
wawanén
pinuh
ku kawani, henteu aya kasieun, ludeungan.
leungiteun
tapak
leungiteun
susudan. Nu ngudag leungiteun buronanana.
matak
muringkak atawa muriding bulu punduk
matak
sieun, matak keueung, sabab lamun ngarasa sieun bulu punduk sok harudang.
meungpeun
carang
api-api
henteu nyaho, sanajan saenyana mah terang. Cara anu meungpeun tapi ramona
dicarangkeun, jadi bisa nangénan nanaon anu saenyana kajadian. Meungpeun téh
nutupan beungeut ku dua dampal leungeun anu dibébérkeun nepi ka téténjoan
kahalangan.
miceun
salasah
miceun
tapak (salah hartina tapak suku) sangkan anu ngudag salah ngajugjug. Nu maling
miceun salasah ku jalan neundeun barang beunang malingna di imah atawa
pakarangan batur sangkan nu boga éta imah atawa pakarangan anu disangka
malingna
teu
nyaho di alip bingkeng
bodo
teu bisa maca-maca acan, da teu sakola
buluan
belut, jangjangan oray
pamohalan
kajadian
sabuni
buni anu ngising
sanajan
dibunian atawa disumputkeun oge ari laku lampah anu goreng mah awal akhir sok
kudu kanyahoan bae
nyolok
mata buncelik
nganyenyeri,
ngahina atawa ngawiwirang di hareupeunana
buruk
buruk papan jati
ka
sobat atawa ka baraya mah sok hayang ngahampura bae lamun aya kasalahan teh
teu
ngalarung nu burung, teu nyesakeun nu edan
ngalajur
napsu ka awewe, ka anu halal jeung anu haram oge disaruakeun bae
leutik
burih
euweuh
kawani / elehan
daek
macok embung dipacok
daek
ngarah kana rejeki atawa pakaya batur, tapi diarah rejekina atawa pakayana ku
batur mah embung
dagang
oncom rancatan emas
ari
modalna gede kacida, ngan batina anu diarah kacida leutikna
caang
bulan dadamaran
migawe
nu kurang mangpaat
disakompet
daunkeun, dihurun suluh
dihijikeun
bae, disaruakeun bae, teu dibeda beda
deukeut
deukeut anak taleus
ari
imahna mah puguh padeukeut, ngan hanjakal teu nyaho tibareto yen baraya
ngadeupaan
lincar
ngadeukeutan
anu keur sidekah atawa kariaan, supaya katenjo ku anu boga imah jeung diajak
dahar
dihin
pinasti, anyar pinanggih
baheula
ditangtukeunana, ngan kakara ayeuna kalakonanana atawa kapanggihna
loba
teuing jaksa
loba
teuing anu pinter nu ngatur jeung mapatahan, balukarna matak bingung nu
dipapatahan
aya
jalan komo meuntas
aya
lantaran anu diarep arep ti tadina nepi ka maksud urang gancang kalaksanakeun
meuli
teri meunang japuh = nyair hurang meunang kancra
kalawan
teu disangka sangka meunang milik, darajat atawa kauntungan anu leuwih gede
sereg
di panto logor di liang jarum
nyingkahan
hirup kumbuh jelema loba, sabab loba dosa, loba kasieun jeung kaera, betahna
dinu suni nu teu aya jelema
Tidak ada komentar:
Posting Komentar