Jumat, 10 November 2017

Rajah Kandang Wesi

Sanggian Rumpaka ( Teks lagu )  : Moch. Dadi Ali / M.A.Rachman




Rep sirep napa dita ngabumi puseur pangawasa netepkeun titah sajati rahayuna ti Hyang Widi seja ngalebu ngawatan netes waris nini aki



Mipit kanu nunggu leuit nu keur nyipuh dina leuwi,
nyumput buni dinu caang.


Sumeja tanghi naratas wanci tina hirup jeung huripna,
ilang nafsu hudang rasa ngusik jati para abdi, nya bukti nyatria pawestri ti asal kuring jeung kurungna katut kandang jeung eusina
Medal kidung Kandang Wesi nabeuk tembang ngabuih rajah.
Rajah du’a sanubari hibarna rumuhun suci  nyaksi diri pangancikan geusan usik meusek diri.
Tes putih mulya badan wawayangan Gusti rosul.
Sasadu......... ka para karuhun neda urug neda nangtayungan ti Gusti dat nu maha pasti para nabi anu linuhung Muhamad jungjunan agung.
Mapay tapak Siliwangi teuleumna dihandeuleum sieum, heuleut beurang heuleut peuting lapucang labuh kapuhu kebo mulih pakandangan carita uga di guar ngarentas ciri pangbalikan nebar seungit wawingan temresna panggeuing eling
prak tandang geura bela lemah cai, tanah sungkawa.
nu urang, ku urang, jang urang
Bis wiwitan,
lah lekasan,
lah pangawe manusa suci,
lah pangawe manusa selam
anu sah Sahadatna
sampuraning iman suci  “ Amin ya robal alamin


Tidak ada komentar:

Posting Komentar