Kamis, 24 Desember 2020

RAJAH BUBUKA

Kidung suci.


 Amit ampun nya paralun, ka Gusti Nu Maha Agung, 

ka Nabi anu linuhung, Muhammad anu jinunjung.

Kaluhur neda papayung, papayung Nu Maha Agung, 

kahandap neda pangraksa, pangraksa Maha Kawasa.

Ampun ka anu Maha Agung, Nu kagungan Kun fayakun, 

Jleg ngadeg sakur kersa-Na, Bral gumelar kawasa-Na.

Amitsun kanu mangku lembur, 

kanu nyungsi dinu sepi, nu keur genah tumaninah.

Nyukcruk galur nu kapungkur, mapay laratan anu baheula, 

nitih wanci nu kamari, ninggang mangsa nu sampurna. 
Sanajan urang beda tapi sarua, 
sanajan teu ngahiji tapi sa ati, milari ridho Gusti nu Sajati.

Tunggul tong dirurud, catang tong dirumpak, 

hirup katungkul ku umur, paeh teu nyaho dimangsa. 
Sing inget kana purwadaksi, purwa wiwitan, daksi wekasan. 
Hartina sing apal kana diri, asal timana? cicing dimana? balik kamana?

Urang teh bakal pinanggih jeung poe akhir, nu ngandung harti poe pamungkas, 

raga ditinggalkeun nyawa, maot pingaraneunana. 
Bakal digiring kurung keur kuring, bakal dibulen saeneng-eneng,
 bakal ngagebleg deui jeung MantenNa.

Hirup katungkul ku umur,  paeh teu apal dimangsa, 

nu matak rinik-rinik kulit harti, cicing harti ngawincik diri, 
mun nyaah kana raga sing nyaho kana dasar agama.

Ulah lunca linci luncat mulang udar tina tali gadang, 
omat ulah lali tina purwadaksina  

Ulah taluk pedah jauh, tong hoream pedah anggang, 
tong cicing pedah tebih jauh kudu dijugjug, 
anggang kudu diteang, tebih kudu disungsi.

Meredih tina ati, menta tina manah. Menekung 
kanu Maha Agung, muja brata kanu Maha Kawasa. 


Tidak ada komentar:

Posting Komentar