Rabu, 03 Agustus 2016

Ngahyangna Pajajaran

SUMBER : HTTPS://NCEPBORNEO.WORDPRESS.COM


Ngahyangna Pajajaran

Pantun Bogor
Ngahiyangna Padjadjaran


Pun ! Sapun !
Ka Pupuntjlak Agung Pamundjung
Anu Agung Sang Rumuhun
Hiyang Guru Agung Pangruhum
Anu Nunggal di Kalanggengan
Anu Langgeung dina Nunggalna
Anu Ngabogaan Sakabeh Alam
Anu Ngabogaan Sakabeh DJagat
Paralun ! Sapun !
Ka sakur anu diluhur
Ka Guru Hiyang Nunggal
Ka Dewa njangking Kawening
Ka Dewa ngagem Wewenang
Ka Dewa nunggal Kawasa
Ka sakabeh
Nu kumelip, nu arusik, nu ngawararuga
Dina wudjud sewing-sewangan
Nu ngagelar, nu ngarumpay
Nu narangtung, nu ngagantung
Nu ngagulung, nu narangkub
Nu nangkarak, ku ngarambat
Ka sakabeh
Nu kadeuleu teu karasa
Nu kaambeu teu kadeuleu
Teu kadeuleu tapi aya ….
Ka sakabeh
Nu ngaredag, nu lumampah
Harirup djadi pangeusi
Njaritjingna djagat ieu, alam ieu
Paralun
Sabab kaula eundeuk njatur
Njatur pantun nu buhun
Haneuleum tunda karuhun
Handjuaneun anu marapay …. !
Paralun
Matak kaula
Ku sabab
Padjadjaran didjieun tjarita
Tapi disilok
Ku anu sarieun
Dipadjarkeun mumudja Dewa
DJeung direka dirarobah
Didjaridjieun-djieun
Ka nu gariruk …. !
DJeung ku sabab
Kaula njaho
Engke djaga
Baris datang deui djelema
Loba menak loba pangkat
Harayang diaraku deui
Rawayan ti Padjadjaran
Paralun ….
Paralun !
DJin
Iblis
Setan markayangan
Ipri
Onom
Dedemit
DJeung djurig njiliwuri !
Rampes nun !
Lalinggih !
Ulah arobah tina sila
Ulah arusik tina tjalik !
Bandungan dina djadjaran
DJadjaran darekan karuhun
Sebab kaula
Eundeuk djadjararkeun tjarita
TJarita
Ti baheula Padjadjaran
Ngadjadjarkeun djeudjeur sadjati
Nu asalna
Lain beunang ngareka-reka
Tapi
Di geularkeun ku karuhun
Kana hate nu rantjage
Hate saha ?
Hate Sunda
Nu sundana dina dani
Nu danina dina hirup
Nu hirupna sagala samar
Nu samarna ngalaman deui
Ngalaman djaman tjara baheula
Boga Radja heunteu sulaya
Paralun !
Bandungan !
Urang kotjapkeun !
Kotjapkeun !
Di nagara Padjadjaran
Lain Padjadjaran nu kiwari !
Padjadjaran geh anu baheula !
Nu djadi Radja ?
Gagah sakti kaliwat saking
Nja Dia
Anu ngarana
Prabu Siliwangi
Ari anakna ?
Lobana tili kali salawe
Da boangan
Biangna geh
Saratus pundjul satengah !
Tunda !
Urang njaritakeun hidji anak injana
Nu sakti ngala ka aki
Nu gagah ngala ka bapa
Ari ngarana ?
Ki Hiyang Santang Aria TJakrabuana !
Euweuh pantar
Euweuh tanding !
Njarita injana ka si Lengser
Uwa uwa !
Ngaing the ayeuna mah
TJukup elmu djeung pangweruh !
Tapi hate ngaing heunteu betah djasa !
Sabab
Geus lila euweuh teunggeulaneun
Geus lila euweuh sepakeun
Euweuh sanagara
Euweuh musuh ngadjak rusuh !
Kumaha lawan the
Ngan tinggal sia bae uwa ?
Kuamaha amin ngaing njaba djauh
Njiar lawan di nagara deungeun ?
TJeuk si Lengser
Ulah aden ulah !
TJeuk ki Santang
Ku nahaeun diulah-ulah ?
TJeuk si Lengeser
Sabab amun aden miang ka buana luar
Ka nagara njabrang lautan
Engke dimana aden mulang
Padjadjaran the ngan kari ngaran !
Tapi dasar peuteukeuh
Teu beunang diulah – ulah
Nja miang injana ka nagara sabrang lautan !
Paralun
Keun Ki Santang sina njabrang !
Kotjapkeun ayeuna di karaton !
Karaton mana ?
Karaton Padjadjaran
Karaton Padjadjaran geh nu baheula !
Nu kiwari geus euweuh urut-urutna atjan !
Datang tjenah hidji utusan
Mawa surat tilu gembolan !
TJeuk Radja
Lengser !
TJeuk si Lengser
Ke heula !
TJeuk Radja
Kunahaeun make keheula ?
TJeuk si Lengser
Bisi tutung !
Pais bakatul
Deuk njuguhan semah !
TJeuk Radja
Heu’euh
Beusi tutung !
Balikuen
Ladju dia ka dieu
Pariksa ku dia eta utusan !
TJeuk si Lengser
Wah !
Teu mudu dipariksa deui
Kula mah nendjo djelema
Sarua djeunh neuleu manggis !
Njaho ti tjupat
Njaho di eusi
Irung kitu mah
Geus tangtu moal njalahan deui
Ditjitjingna sagede leledjing
Dimotahna bisa sagede hondje
Pandjangna bisa sa asta leuwih !
TJeuk Radja
Lain djelema !
Suratna ku dia pariksa
Ladju si Lengser mariksa surat
Lobana tilu gembolan !
Mariksa …
Mariksa …
Lilana
Tilo poe tilu peuting !
Awahing ku tunduh
DJeung loba teuing surat nu di pariksa
Si Lengser djadi nundutan
Nundutan bari ngelay !
Lay lay
Laaaaaaaaay !
Lay keuna surat
Lay keuna badju
Lay keuna mata utjing
Nu ngaringkuk dina tumpukan surat !
Laaaay…lay…lay…laaaaaaaaay !
TJeuk Radja
Teuin !
Da kula mah
Apan teu bisa matja !
TJeuk si Lengser
Kadieukeun !
Tah eta,
Nu aya gambarab bentang eudjeung bulan !
Dorolong Radja matja surat
Matja barian edeg
Da ngarana geh Radja !
Buntjlik !
Molotot ……
Mani sagede – gede kenong
Da ngarana geh mata Radja !
TJeuk Radja
E eh, e eh !
Ngomongna bari tetendjrag
Tetendjrag datang ka eundeur
Brong breng brang
Sora ti dapur
Tetenong ragag ti pago
Da ngarana ge tetendjrag Radja !
TJeuk Radja
Lengser !
TJeuk si Lengser
Sumuhun dawuh !
Ngomongna barian njembah
Ngan njembahna bari peureum !
Awahing ku tunduh !
TJeuk radja bari tetendjrag
Brong bring brang
Sora ti dapur
Bareok pago
Rungkad hau….
Da ngarana geh tetendjrag Radja !
TJeuk Radja
Lengser !
Ieu surat didjempolan
Ku Radja sebrang kulon !
Geuning
Bet ngadjak rusuh !
TJeuk si Lengser
Bebetkeun baeee !
Maenja Radja eleh ku surat !
Si Lengser ngomong bari njembah
Njembah barian tukusruk
Awahing ku tunduh
Deuleu !
TJeuk Radja bari tetendjrag
Borobot dapurna runtuh !
Da ngarana geh tetendjrag Radja !
Deuleu !
TJeuk dina surat
Ngaing kudu di sundatan !
Mun teu nurut
Padjadjaran baris dipagang
TJeuk si Lengser
Ulah Gusti !
Ulah daek disundatan !
Beusi disapatkeun !
Kara ngadjak perang mah
Lawan baeeeeeee…..!
Si Lengser ngomongna bari njembah
Njembah na bari ngaringkuk
Awahing ku tunduh
Ambek Radja kabina-bina
Matana mani molotot
Molotot bubutjelikan
TJara keuyeup ngadeuleu keukeuk !
Radja tetendjrag deui
Nendjrag deui, nendjrag deui !
Mani eundeur sanagara
Da ngarana geh tetendjrag Radja ieuh !
Pating dorokdok balandongan
Pating bareok lawang saketeng !
Awahing ku tunduh !
Lengser !
TJeuk Radja bari tetendjreg deui
Borobot
Bareok
Dorokdok
Hag siah,…….
Beak tah ayeuna mah ka imah mitoha-mitohana !
Nja eundeuk dikumahakeun ?
Da ngarana geh tetendjreg Radja !
Ladjeung
TJeuk Radja
Lengser !
Ngaing teu mudu nurut !
Hayuh
Takol bende !
Kumpulkeun sakabeh balad
Urang layanan anu nantang !
Koredjat
Si Lengser ngoredjat barian heuay
Heuayna bari kuliat
Kuliatna sabari peureum
Awahing ku tunduh
Koredjat
Torolong……..
Si Lengser ngadjol ti kolong bale
Karep injana deuk nabeyh bende,
Lumpatna sabari peureum……
Awahing ku tunduh !
Dar der dor tarang tidagor
Barendjol sagede djengkol
Baruk pager diteumbrag
Berewk djamangna soek !
Tapi si Lengser lumpat terus
Bongan parenta Radja
Dimudukeun nabeuh bende
Nja lumpat
Lumpat ka saung bende
Ngan lumpatna sabari peureum
Awahing ku tunduh !
Nja karuhan
Mimiti anu kadupak
Nini-nini deuk ngisikan
Ladju
Aki-aki deuk ka tjai
Mani kababayan !
Ladju ngadupak deui
Saung lisung pipir imah
Bareok borobot gubrag !
Rubuh saung lisungna !
Heu !
Gubrag !
Si Lengser kaurugan saung !
Koredjat !
Torolong
Si Lengser lumpat deui
Lumpatna njunjuhun hateup
Lain hidji hateup, dua hateup
Tapi hateup sasaungeun !
Si Lengser lumpat
Lumpat lumpat !
Lumpatna sabari peureum
Nja karuhan ngadupak deui !
Mimiti tukang ngurut
Balik ngurut nu kalingsir
Ladju tukang endul
Njuhun tutut deuk ka pasar
Ladju tukang ttampayan
Datang
Ngan kari hidji anu weuteuh buleudna !
Njaeta
Beuteung tukang tampayan !
Ngan dosol……..!
Si Lengser lumpat terus
Lumpatna lumpat dines
Nu ngadjagang
Ditaradjang
Nu ngadjentul
Disurudug
Anu malang
Tangtu di teunggar !
Da keur lumpat dines !
Limpat dines mah sedjen deui
Heunteu tjara lumpat biasa lumpatna oge mudu sabari
Tanggah da ngarana ge lumpat dines
Ari sabari peureum geh, teu matak nahaeun
Sabari peureum geh meunang
Asal gagah bari tanggah beee !
DJeung teu meunang luak-lieuk komo sumpang-simpang mah !
Mun aya nu ngahalangan ?
Mun aya nu ngagolan ?
Amun munding ?
Antjur di tampiling
Amun badak ?
Bakal utjutan kabeh tulang-tulangna
Amun djelema ?
Tanggung ngan kari ngaran !
Kumaha amun imah ?
Nja njooooooompor ka kolongna ……!
Tapi
Sanadjan lumpat na lumpat dines oge
Ari sabari peuereum mah
Nja heunteu ka deuleu ku si Lengser
Aya regag ngadjagang tengah djalan
Ladju ngait keuna samping si Lengser !
Reg !
Rendeg !
Samping si Lengser ngait keuna regang !
Tapi lantaran keur lumpat dines
Injana heunteu meunang eureun
Si Lengser lumpat dines
Lumpat bari ngabedol samping
Tapi samping
Ngait pageuh kana regang
Ari regang ?
Ngait deui keuna rudjuk !
Nja atuh kadjadianana
Bolondjon beee si Lengser lesot tina samping
TJara kumang tinggaleun imah !
Injana lumpat terus
Lumpatna bobongkokan !
Sabana ?
Kadjeun teuing ti tukang mah,
Asal ulah tembong nu ti hareup beee…….!
Nja karuha !
Ting tjeukeukeuk nu nareuleu
Ear budak ararempak
Ting tjikikik nini-nini
Rame budak pada surak
Nareuleu burut si Lengser
Mani heran tjara berenuk !
Si Lengser lumpat terus ….
Eureun-eureun soteh
Injana naradjang tangkal djambe
Mani nileup !
Lain tangkal djambe nu nileup
Tapi si Lengser !
Nileupna tilu tileupan !
Tapi heran bolor injana mah peureum terus !
Nja atuh deuk dikumahakeun ari tunduh kenah mah !
Ladju injana rumpu-rumpa
Nja aya anu karampa ….
Karampa gugulantungan
Piker si Lengser
Bende leutik !
Kadjeun leutik geh
Asal bende ….. !
Ladju ditakol !
Aeh aeh tjeuk injana
Bet bende ngaberele ?
Ari bray the mata injana dibeuntakeun
Mani ngabuntjelik
TJeuk si Lengser bari gigisik
Singaing singaing !
Lain bende
Geuning kandjut badot ki lebe !
Bende mah euweuh
Mending geh ku lisung !
Ladju nitah ngumpulkeun lisung
Saban lembur tudjuh lisung
Ladju si Lengser nihtir
Nihtir !
Nihtir !
Nihtir teu eureun-eureun
Dua poe djeung sapeuting !
Eureun-eureun soteh
Geus euweuhan tabeuheun
Antjur lisung djadi suluh
Ledis ka gaganden-gagandenna !
Ladju injana tjulak-tjileuk
Sugan mitoha injana aya deukeut….
Teunggeuleum………..!
Tidinja
Si Lengser ngadeuheus ka Radja
Leumpang na bari njegegeng
Budjurna songgeng ka kentja
TJangkengna bengkok ka kentja
Taktakna dengdek ka kentja
Leungeuna kengkong ka kentja
DJeung mata teleng ka kentja
Urut nihtir beurang peuting
TJeuk Radja
Kumaha Lengser ?
Beres ?
TJeuk si Lengser
Beres !
Kitulah
Lilana satengah bulan mah
Di salikur lembur bakal mahal beas !
TJeuk Radja
Baruk mahal beas ?
TJeuk si Lengser
Sabab euweuh nu narutu
Lisungna ledis kabeh dipake nihtir !
TJeuk Radja
Ngaing teu nguruskeun beas
Nanja ogeh urusan perang !
TJeuk si Lengser
Komo eta mah !
Leuwih ti beres !
Samemeh nihtir ogeh
Balad geus taratondjolan
Hayang paheula-heula perang !
TJeuk Radja
Hade ari kitu mah !
Urang papag nu deuk ngarugrug !
Tapi
Teu hade
Mun perang di djero dayeuh !
Sabab
Montong teuin elehna
Nadjan di unggulna ge
Loba banda kari urutna !
Nja eta
Kaluluh ti waktu tarung
Hade urang njabrang
Perang di tegalan anu lega !
bari nanggoan pindah alam !
kotjapkeun balad Banten
nu ngarugrugna
bari naggoan balad ti wetan !
balad Banten ting araleut
ngaleutna barian surak !
dipapag ku Si Lengser !
dipapag ku balad Si Lengser !
burubul musuh ti kaler
dipapag ku balad Si Lengser !
burubul musuh ti kudul
eudeuk njabrang ti pinanggading
eta mah dipapag na
ku Ki Raden Bagus Setra
nu di bantu
ku Rakean intju Si Lengser
der perang
perang, batur, perang deui !
perang na rosa djasa !
kadeuleu ku Si Lengser aya nu ngaringkang
djangkung kuru, kulit hideung
kawahuan ku Si Lengser
tina tapak luah dina djubah injana !
tjeu piker Si Lengser :
tuh injana si Langkawarah !
nu ti heula ngabedol kandjut !
ti heula sia make sorban
ayeuna sia make kopeah beureum
djiga petasan kari njeuneut
tapi ngaing moal pangling !
der perang !
Si Lengser djeung nu djangkung kuru
Perangna rosa djasa
Saling tjabok, saling takol
Saling sered, saling gegel
Saling kadek, saling njekek
Sa;ing rawel nu dibunian !
Perang, perang !
Perang sakuriling bungking !
Ngan Radja urang masih keneh keur ngawurkeun !
Perang, batur, perang !
Si Lengser perang na rosa !
Dating ka wayah serangenge njorot mantjeran !
TJeuk nu djangkung hideung :
Ke, eureun heula !
TJeuk Si Lengser :
Kunaha eureun heula ?
TJeuk nu djangkung hideung :
Ayeuna wayah lohor !
Ngaing mudu salat heula !
TJeuk Si Lengser :
DJor !
Ladju nu djangkung hideung the salat lohor
Ari Si Lengser ?
Injana mah mumuluk heula
Mani beak tilu boboko !
Anggeus salat, anggeus mumuluk
Der perang deui !
TJeuk nu djangkung hideung :
Wani ?
TJeuk Si Lengser :
Wani !
Der gulungan deui
DJiga munding digulung lutung !
Perang rada lilaan
Dating ka wayah sarangenge dengkek ka kulon
TJeuk nu djangkung hideung :
Ke, eureun heula !
TJeuk Si Lengser :
Ku naha eureun heula ?
TJeuk nu djangkung hideung :
Ayeuna wayah asar !
Ngaing mudu salat heula !
TJeuk Si Lengser :
DJor !
Nu djangkung hideung ladju salat asar
Ari Si Lengser ?
Injana mah ngagidig ka sisi susukan
Ngawelu, mani tudjuh tumpukan !
Anggeus nu salat, anggeus nu ngawelu
Ladju pahareup – hareup
Pahogor hogor tjara kunjuk !
TJeuk nu djangkung hideung :
Wani ?
TJeuk Si Lengser :
Puguuuuuh !
Nja der perang deui !
Perang na leuwih rosa !
Saling banting, saling tampiling !
Saling gorogod punduk ku haneu !
Dating ka wayah sarengenge eundeuy surup !
TJeuk nu djangkung hideung :
Ke, eureun heula !
TJeuk Si Lengser :
Eureun deui ?
TJeuk nu djangkung hideung :
Heu’euh !
Ayeuna geus wayah magrib
Ngaing seuk salat heula !
TJeuk Si Lengser :
Los !
Ongkoh meudjeuhna sanekala
Beusi katondjok djurig !
Nu djangkung hideung ladju salat
Si Lengser ladju sila tutug
Sila tutug mentjetan bitis !
Ari silana ?
Gigireun anu keur salat !
Saha nu njaho perang didjaman baheula ?
Perang djaman baheula mah teu tjara perang djaman kiwari !
TJeuk nu djangkung hideung :
Wani ?
TJeuk Si Lengser :
Keneh !
Nja der perang deui !
Ngan perangna heunteu lila
Sabab matapoe anggeus surup
Geus teu puguh deudeuleuan !
TJeuk nu djangkung hideung :
Ke eureun heula !
TJeuk Si Lengser :
Teu deuk !
Ma enja aya perang eureun-eureunan ?
Pamali njong
Mantak pandjang teuin lalakon !
TJeuk nu djangkung hideung bari tulak tjangkeng :
Nadjan perang ogeh
Ari aturan agama mah
Ayeuna geus wayah isa
Ngaing mudu salat !
TJeuk Si Lengser bari tulak tjangkeng :
Sia, perang teh pieun Agama ?
Dewek ogeh perang teu pieun Agama !
TJeuk nu djangkung hideung :
Mantakna geh !
TJeuk Si Lengser bari mandelik :
Salat mah urusan Agama,
Perang mah urusan Nagara
Perang sia ngan urusan Agama
Tapi perang dewek
Pieun Agama djeung Nagara !
TJeuk nu djangkung hideung :
Hade ngaing teu meunang salat !
Tapi perangna mudu eureun heula
Urang tuluykeun isukan bae !
TJeuk Si Lengser bari tutundjuk :
Ku naha mudu isukan bae ?
TJeuk nu djangkung hideung :
Geus powek djasa !
Geus teu kadeuleu !
TJeuk Si Lengser :
Damaran !
Ladju njieun obor !
Ari Si Lengser mah
Oborna the diselapan tjabe rawit
Lobana setengah kaneron !
Atuh barang geus disundut the
Nu dieungkung hideung
Bolor injana mani peuriheun
DJeung ladju kabesekan terus !
Der perang deui
Perangna mawa obor
Saling sundut saling puput
Saling sundut keuna kandjut !
Ladjuna mah
Nu hideung the kawalahan
Lain kawalahan perang na
Tapi kawalahan ku gigisik
Kabesekan djeung ngolol leho
DJeung teu eureun eureun sisiduen !
Barang keur kabesekan deui
Ladju injana ditubruk ku Si Lengser
Ladju di tileupkeun
Digulung ku djubah na injana keneh
Digubeud didjieun buntelan
Dipangkekna nja ku tasbe !
TJeuk Si Lengser bari njerengeh :
Hag, siah !
Montong teuin salat subuh, salat isa geh
Moal sia bias di Padjadjaran !
Ladju buntelan dibalangkeun !
Tapi lantaran Si Lengser
Geus meh beak tanaga
Nja buntelan the
Murag na heunteu sabaraha djauh !
Muragna digunung sinalang kiwari !
Ngagulutuk njangsang di lebak !
Nja djadi sasakala engkena
Di suku eta gunung
Loba tjawene
Nu ku bapa arinjana
Dilakiankeun ka semah marake djubah !
Si Lengser ladju ngingking
Ngagidig ka sisi Sipatahunan !
Ngagidik sabari keupat
Keupatna keupat nu gagah
Iket tjampay dina taktak
TJara djawara meunang perkara !
TJeuk Si Lengser :
Mantah geh
Ari urusan Agama
Didjieun lulugu
Pieun ngurus nagara the
Tah
Sok kitu djadina
TJara si hideung tadi !
Agama mantak tjambal
Engkena djadi kawalat !
Nagara teu matak beres
Engkena djadi padjeudjeut !
Urusan Agama djeung urusan Nagara
Teu meunang di tjampur aduk
Hadean mah direndengkeun
Tapi
Ulah patumpang – tumpang
Mun Nagara geus padjeudjeut
Ulah Agama didjieun gagaman
Pieun ngabereskeun nu pabeulit
Tapi
Mun nu pabeulit haying leungit
Nu padjeudjeut haying udar
Nu di djieun gagaman teh ulah Agama
Tapi
Gagaman anu gede
Takolkeun ka anu arumangkeuh
Ari kuring bias ngaheunteuk Nagara !
Si Lengser ngagidig terus
Ngagidig na gantjang teuin !
Ladju we injana tikudewat keuna areuy ………
Gabut !
Gorolong bae injana ka landeuhkeu,
Ka lebahan Radja anu keur ngawur !
Urang kotjapkeun sisi leuwi Sipatahunan
Radja urang keur ngawurkeun
Awurkeunana saeutik deui
Barang deuk ngawurkeun deui
Kadeuleu ku injana
Sisi leuwi sabrang wetan
Dina ruhur tangkal djati
Aya nu keur ngintip ….
TJeuk Radja :
E eh aya manusa !
Gorobas
Gubrag !
Gorolong djiga kadu murag asak
Reg,
Eureun hareupeun Radja
Rorowesan djiga peusing !
TJeuk nu djiga peusing :
Lain Gusti !
Ieu mah Si Lengser, nun !
Mantas mitjeun buntelan !
TJeuk Radja :
Ngaing geus njaho dia lain manusa !
Dia the Si Lengser
Tapi itu tuh !
Di sabrang wetan aya nu ngintip
Urang djieun lutung bae kituh ?
TJeuk Si Lengser :
Ulah Gusti ulah !
Sabab lutung mah aya kokodna !
Injana tangtu geus neuleu
Engke dimana urg geus euweuh
Tangtu injana udjap-adjap
Ngemukan di ieu leuwi
Keun kumaha kula bae
Gusti mah geura ka tonggoh
Tuh, musuh geus nanjakeun Gusti !
Ladju Si Lengser njokot popongkol howe
Gedena sagede tjangkeng banteng !
Ladju dipalengpengkeun !
Keuna ka nu keur ngintip
Palebah beungeut injana pisan !
Beletak !
Gadjabag !
Nu dipelengpeng salin rupa
Injana djadi kalong !
Tah eta sabab-sababna
Matak neupi kiwari
Kalong teh
DJeding bungusna !
TJeuk Si Lengser :
Bongan sorangan
Neuleukeun lain deuleun sia !
Tapi nadjan geus kadeuleu
Sungut sia moal bisa njarita
Kokod sia moal bisa njokot !
Ayeuna sia djadi kalong
Tetep enggon sia dina tangkal !
Engeke
Di mangsa nu bakal kasorang
Sia bisa djadi djelema deui
Tapi engke !
Amun ieu Nagara djadi sampalan
Sisi leuwi ngadeg lembur
Wetaneun kandang kebo bule
Tah di eta lembur
Sia bakal ngarundjakeun deui turunan
Tapi tingkah laku injana
Heunteu beda tina kalong !
Malah engke deui
Bakal aya turunan sia !
Nu ngarana oge
Si kalong !
Laku lampah injana
Heunte beda tina kalong !
Ah eta sabab sababna nepi ka kiwari di kebon gede hutan samida loba bae kalong !
Urang tunda deui !
Urang kotjapkeun Radja urang !
Injana unggah ka tonggoh
Ladju njabrang
Der perang !
Rosa djasa
Leuwih rosa ti nu ti heula !
Radja urang perang ngaganda !
Injana dihurup ku :
Kai TJakra
Kai DJaya
Kai Asep
Kai Tubagus
DJeung dua bengkong
Uwah mahmud
Uwah bakar !
Tapi Radja Sunda heunteu keder
Beuki loba nu ngahurup
Meni rosa perangna Radja urang !
Datang ka eta genep djawara kulon djeung wetan
Perangna mani enggeh-enggehan !
Ting gulilap kolepat pedang
Ting djeleger sora tampiling
Ting djalegur sora paneunggelan !
Matak torek
Ngadenge sora nu ngareuhak !
Tunda heula !
Keun sina perang bari ngareuhak !
Ayeuna urang kotjapkeun
Anu keur ngalanglang buana
Saha ?
Nja eta
Sanghiyang Santang Aria TJakrabuana
Nu gagah djeung kasep tea !
Ti Padjadjaran injana lologanti ngaran djadi
Guriang Setra !
Mimitina nindakna ka Udjung Kulon
Ladju njabrang lautan
Unggah di sabrang kulon
Di nu kiwari disebut tanah Lampung !
Ladju Ki Santang nanja ka urang lampung :
Saha tah djagona di dieu ?
TJeuk urang lampung :
Di dieu mah teu boga djago !
Sabab djagona aya di sabrang
Di Nagara Padjadjaran !
TJeuk Ki Santang :
Nahaeun sababna ?
TJeuk urang lampung :
Urang dieu teh
Baraya ka urang Padjadjaran !
TJeuk Ki Santang :
Kumaha mimitina ?
TJeuk urang lampung :
Radja Padjadjaran ewean ka urang dieu,
Ka njai Putri Gambir Sari !
TJeuk Ki Santang :
Mun bener baraya,
Saha djagona di Padjadjaran ?
TJeuk urang lampung :
DJago Padjadjaran aya dua
Nu kolot djeung nu ngora !
Nu kolot ngarana Embah Lengser !
TJeuk Ki Santang :
Anu ngora ?
TJeuk urang lampung :
Si Raden
Si kasep Aria Padjadjaran
Disarebutna Ki Hiyang Santang !
Ki Santang ngenah djasa angeun
Ladju mere bako ka nu ditanja
Ladju nindak deui
Nindak
Nindak
Mingkin lila beuki djauh !
Nja andjog ka hidji dayeuh gede
Leuwi gede manan tjiliwung !
TJeuk Ki Santang ka urang dinja :
Ngaran ieu Nagara ?
TJeuk nu ditanja :
Paliman !
TJeuk Ki Santang :
Kunaha ngarana kitu ?
TJeuk nu ditanja :
Sabab loba gadjah !
TJeuk Ki Santang :
Pantes !
Sagala mani gede kieu
Walunganana gede
Tatangkalanana garede
Dayeuhna ogeh gede
Ngan djelemana
Heunteu garede
Sarua bae gadena djeung kula !
Tapi Radjana sagede kumaha ?
TJeuk urang paliman :
Meudjeuhna !
TJeuk Ki Santang :
Dimana imahna ?
TJeuk urang paliman :
Tuh, imah nu panggedena !
Ladju Ki Santang nindak deui
TJarita asup injana ka Karaton
Kasampak aya djeulema gede
Keur utjang angge dina bale ukir
Balena bale gede didjieunna
Tina tjaling gadjah
Diukiran rupa gadjah
Gigireun bale gede
aneprok
Nu gareulis djarede
Garede geh
Gede budjurna …… !
TJeuk Ki Santang :
Dia tuh Radja di dieu ?
TJeuk nu utjang angge :
Heu’euh !
TJeuk Ki Santang :
Saha ngaran dia ?
TJeuk Radja :
Prabu Liman DJaya Kentjana !
Eta ngaran kula
Nu katjeluk ka tanah sabrang !
Ngaran kaula di dieu mah sedjen deui !
TJeuk Ki Santang :
Ngeunah nja djadi Radja ?
Prabu Liman DJaya Kentjana,
Lain Radja sambarang Radja
Tapi Radja nu rantjage
Injana ngartieun
Ki Semah the
Eudeuk njiar gara-gara !
TJeuk Radja Liman Kentjana :
Dimana lebah ngeunahna ?
TJeuk Ki Santang :
Tuh, lebah budjur-budjur nu darempok
Sela pingping nu parungkil !
TJeuk Radja nu rantjage :
Parungkil mah Ki Semah
Tandana djagdjag waringkas
Sabab tara tinggal ti djadjamu
Dararempok ?
Eta mah aya sabab na
Sabab loba gawe bari tjingongo
Ngored bari tjingongo
Ngaredjo bari tjingongo
Karihna bari tjingongo
DJeung deui kitu buktina
Nu biasa gawe beurat
Sabab di dieu mah
Nadjan ngaran nji putri
Ngahuma the mudu bisa
Ninun hayu, nutu hayu
Tara djerih ka gawe beurat !
Tapi Ki Semah
Saha ngaran dia
DJeung naeun nu sedja ku dia ?
TJeuk Ki Santang :
Ngaran kula Guriang Setra
Datang ka dieu
Nja eta
Eundeuk njiar pangabisa
Eundeuk mulung pangaweruh
Sabab di Nagara kaula
Geus euweuh nu sarua eudjeun kula
Saha djagona di ieu Nagara ?
TJeuk Prabu Liman Kentjana :
Di dieu mah euweuh djago !
TJeuk Ki Santang :
Tilok tah ?
Tilok di dieu Nagara euweuh lalaki ?
TJeuk Prabu Liman Kentjana :
Lalaki mah ngabadeg
Tapi lain pieun djadi djago !
TJeuk Ki Santang :
Pieun naeun atuh ?
TJeuk Prabu Liman Kentjana :
Pieun ngabnatu ngamakmurkeun Nagara !
TJeuk Ki Santang :
Lain pieun ngalawan musuh ?
Kumaha mun aya nu nangtang perang ?
TJeuk Prabu Liman Kentjana :
Perang mah tara datang saban mangsa !
Tapi makmur mah mudu saterusna
Abeh Nagara salalawasna
Gemah ripah sugih mukti
Di ieu Nagara mah
Mahmur the lain ngan dilamun
Tapi mahmur nu karasa
Sabab di dieu mah
Adil teh lain omomg anu kosong
Tapi adil anu bukti !
DJeung adilna
Lain adil tjeuk Radja wungkul
Tapi adil mun sapuk sakabeh somah !
Ku kituna
Adil mahmur teh
Di dieu mah
Lain ngaran wungkul tjatur
Lain ngan omong pangbebendjo
Lain tjarita nu sulaya !
TJeuk Ki Santang :
Kuamaha di dieu bisa kitu ?
Kula hayang diadjar
Teruskeun ka anak intju !
TJeuk Prabu Liman Kentjana :
Dengekeun !
Di ieu Nagara
Pagawe the garetol kabeh
TJarukup ku pangaweruh
Taliti dina pamanggih
Laloba ngalaman
DJeung djalembar pangabisa !
Tapi pangabisa
Nu nguntungkeun ka somahna !
DJaba ti getol samuduna
Oge teu meunang adigung garede hulu !
Teu meunang punta-penta ka somah
Teu meunang njusah keun somah
Teu meunang njingsieunan somah
Teu meunang menta balenan ti sumah !
Teu meunang make maksa
Sumawonna njingsieunan !
Tapi parentah teh
Dirupakeun djadi pangadjak
Nu kaharti asup akal
Kapikir ku sakabeh somah !
Mun pagawe
Bukti gawe heunteu bener
Atawa ngan njugihkeun dirina wungkul
Harita keneh ogeh digantung bari disisit !
Kumaha pagawe di Nagara dia, Ki Semah ?
TJeuk Ki Santang :
Di Nagara kula mah euweuh pagawe !
Kabeh teh djuragan kabeh !
TJeuk Prabu Liman DJaya Kentjana :
Karunja temen nu djadi somah !
Tapi dengekeun !
Di ieu Nagara
Nu buburuh tjukup upahna
Di garawe bari narembang
Sabab sebeuh saban hakan
Nu tirani
Laluasa tiranina
Sabab hasil dibuatna
Lain asal idjon ka Nagara !
Ku kituna
TJaba ti bere
Ogeh murah hakaneun !
Nu daragang
Teu diadjar ku Nagara !
Tapi Nagara ngalobakeun pidagangeun
Ku kituna
DJaba ti bere
Ogeh murah pidagangeun !
Ari pagawe
Teu mudu sumpah saban pasar
Meunang gawe bari tani
Meunang gawe bari dagang
Tapi tani anggeus gawe
Tapi dagang anggeus gawe
Ngan
Amun tani amun dagang
Teu meunang ngeunah sorangan
Ku djalan
Ngahalang-halang usaha somah !
Nu kapartjaya
Ngadjalankeun parentah Nagara
Garawena minang ka bapa
Hartina
Loba mere tara menta
Merena ?
Nja pangdjeudjeuh !
Mentana ?
Tara menta pangabakti
Pangdjeudjeuhna ?
Lain ku omong anu kosong
Lain djandji nu sulaya
Tapi
Ku djandji anu bukti
Ku omong anu tembong
Mun pagawe
Rasa injana ku kawasa
Punta-penta nitah bakti
Baktina ngan pieun injana
DJeung galak
Ka sakur nu teu mere
Ki Semah, Ki Semah
Moal endeuk Nagara bisa
Adil Makmur !
TJeuk Ki Santang :
Heueueueuh !
Kula tarima meunang Padjadjaran !
Tapi bener-bener yeuh
Di ieu Nagara euweuh djagona ?
TJeuk Prabu Lingga Kentjana :
Ari djago mah loba !
Tapi lain djago dina gelut
DJago soteh dina bener !
Amun Ki Semah
Radjang tarung
Tuh ka ditu !
Tapi saeuntjana mah
Teu mudu dia ngadjugdjug djeuh
Sabab engke ogeh
Bakal datang mangsa na
Ku urang rabul djalema bule
Tah eta pilawaneun dia !
Urang tunda deui
Nanggoan datangna nu barule
Urang tjaritakeun bae
Ki Santang the ladju amitan
Angkuhna deuk ngadjugdjug ka nu djauh
Deuk neangan djelema bule
Nja andjog ka sisi sagara !
Kadeuleu ku injana
Laut motah ngadak-ngadak
Lemah eundeur ruag-rieug
Tinggeleger hawar-hawar ….. !
TJeuk Ki Santang :
E eh !
Naheun ieu gara-garana ?
DJeung kunaheun ?
Ngadak-ngadak hayang mulang ?
Kadeule di awang-awang aya mega madju ngidul
Belesat !
Ki Santang ngapung ka mega
Karep injana tumpak mega
Tapi dina mega
Aya mipit mudu amit
Amun ngala kudu menta
Amun numpang mudu njarita !
TJeuk Ki Santang bari ambeuk :
Ulah sia loba batjot !
Dibebekkeun ieu mega ku dewek !
Ngeser !
Dewek moal numpang tjara lentah
Tapi ngilu bari maray !
Tah duitna opat kandjut !
Kop djeung kandjut-kandjutna !
Geuwat dewek anteurkeun ka Padjadjaran !
TJeuk tukang mega sabari ised :
Ari maray mah
Sedjen deui urusanana !
Saenjana tjeuk aturan
Heunteu meunang mawa tumpangan
Sabab ieu teh mega dines !
Tapi ku duit mah
Kula the heunteu buyut !
DJiga-djigana
Dilembur dia mah
Dia the djawara kedotan !
TJeuk Ki Santang :
Kumaha dia njaho ?
TJeuk tukang mega :
Tina porongos !
Sarua djeung porongos tukang eta !
TJeuk Ki Santang :
Tukang naeun ?
TJeuk tukang mega :
Tukang mariksa mega ngaliwat !
TJeuk Ki Santang :
Kituh !
TJeuk tukang mega :
Heu’euh !
Tukang mega mah
Loba nu sarawan !
Sabab tukang mariksa mega
Morongos sok satang ka tembong gugusi
Mun tjan dibere pieun meuli sisig !
Tapi ari dia mah
Ngilu numpang the
Make maray !
Tanda djawara kedotan !
Heunteu tjara tukang mariksa mega
Arinjana mah
Ngilu ongkoh
Menta duit ongkoh sakalieun teu menta duit
Ari turun
Tara nuhun-nuhun atjan !
Dasar kunjuk didangdanan
Katjida ieu aingna
Abong-abong keur kawasa !
TJeuk Ki Santang :
Heu’euh !
Tapi edas bapa
Loba djasa barayan teh !
seung, sing djongdjon diukna !
Ulah tukang teuin mega na geus butut
DJeung djamakna
Amun gudjlang gidjleng
Puguh langit ayeuna mah legok-legok
DJeung djamakna
Heunteu bisa njanghundjar
Sabab ieu the mega dines
Paranti neang ma beurang
Ari di kahiyangan
Aya bidadari deuk ngadjuru !
DJeung njekelanana
Ulah pageuh teuin
Beusi utjutan tihang megana !
DJeung ulah sabari egeg
Beusi tiporos
Megana geus butut !
Urang longok Radja urang
Nu dihurup ku musuh genepan !
Perang na rosa djasa
Eta genep papatih
Ku Radja urang ladju ditubruk
Ladju di awut-awut
Di luluh di gulung-gulung
Di rampid djadi ngahidji
Mani pating polondjon tina djubah injana
Ting arenjut
DJiga tetep lesot tina wadahna !
Ting arenjut sabuligir
DJiga eungkuk pilegaeun
Balad Banten
Waktu neuleu kabeh papatihna
Deuk di podaran ku Radja Sunda
Heunteu taregaeun
Ladju
Reog wae ngaleut
TJara sireum sirarange
Ngagurumut Radja urang !
Atug mani haliwu Radja urang !
Nja harita opat patih Banten bisa budi
Nja eta bengkong nu duaan
Arinjana mah heunteu kaburu !
Sabab kaburu modar mantare !
Lain paraeh ku Radja urang
Tapi
Modarna
Ditareunggelan urang Banten !
Sabab ku haliwu-haliwuna ngagurumut
Urang banten the
Teuteunggeulna
Sateunggeul-tenggeulna bae !
Datang ka loba balad Banten
Kararodjor
TJigenden ku baturna keneh !
Urang tjaturkeun patih Banten anu opat
Arinjana bisa budi
Ladju ngoredjat bari ngarewel djubah !
Tapi
Lantaran ngoredjatna bari haliwu
Nja atuh ngarawel teh
Sarewel-rewelna bae
Heunteu arengeuh pahili djubah !
Ku haliwu-haliwuna
Kai TJakra hanteu engeuh pahili djubah
Kai DJaya hanteu engeuh pahili djubah
Kai Asep hanteu engeuh pahili djubah
Kai Tubagus hanteu engeuh pahili djubah
Malah Kai Tubagus mah
DJaba tipahili teh
Injana hanteu eungeuh
Make djubah the tibalik
Nu pieun tjokor
Dipake di ruhur
Ari tjokorna
Diasupkeun dina beuheung djubah !
Atuh leumpangna
Mani tjiga nini-nini hudang ngadjuru !
Ninggang di Kai TJakra anu begang
Nu karawel teh djubah godombrong
Pakeun baturna nu djangkung gede
Atuh barang dipake the
Ka luhur leuwih sasiku
Ka handap leuwih sadeupa !
TJeuk pikir injana :
Bener sakti si Radja Sunda !
Ieu djubah mani kieu
Ka ruhur teu kadeuleu langit
Ka handap teu kadeuleu napak !
Nja gudubrak bae injana labuh
Tikudewat
Nintjak djubah pandjang teuin !
TJeuk pikir injana :
Pandjang teuin !
Ngaing beubeurkeun !
Ladju djubah pandjang teh
Dibeubeurkeun
Digulungkeun luhureun tjangkeng
Atuh tembong buraholna !
Der perang deui !
Perang rosa
Perang rosa djasa
Terus perang leuwih ti rosa djasa !
Radja urang
Nadjan gagah nadjan sakti
Tapi
Ari diruhun digurumut mah
Nja haliwu ogeh !
Nja kapaksa injana mundur
Kadeseh ka beulah kaler
Datang ka palebahan birit leuwi !
Tah di dinja
Injana katubruk ku nu ngahurup
Tapi Radja urang
Ladju motah rosa djasa !
Nja ladjuna mah
Gudjubaaarrr !
Radja urang ragag ka leuwi
Gudjubar
Kai Asep kabawa ragag
Injana ngarawel djubah Kai DJaya
Kai DJaya ngarawel djubah Kai TJakra
Kai TJakra ngarawel djubah Kai Tubagus
Tapi
Lantaran djubah Kai Tubagus mah
Dibeubeurkeun
Nja nu ngarawel the
Buraholna !
Nja gudjubaaarrr !
DJawara Banten djeung TJirebon nu opat
Kabedol kabawa ragag
Ladju perang di dasar leuwi
Balad Banten eureun perangna !
Balad Padjadjaran areureun perangna !
Laladjo nu keur perang di dasar leuwi !
Nja djadina mah
Euweuh nu perang di daratan
Kabeh djaradjang teges
Nareuleu nu galungan di dasar leuwi !
Kabeh pasedek-sedek !
Datang
Euweuh nu areungeuh
Balad Padjadjaran
Njarelap di balad Banten
Balad Banten
Njarelap di balad Padjadjaran
Eungeuh-eungeuh soteh
Aya nu hitut !
TJeuk balad Padjadjaran :
Hitut Banten yeuh !
Sedjen deui peledakna !
Ari injana ngalieuk teh
Baruk geuning lain batur sakamandoran
Tapi musuh
Urang Banten !
Nja der perang deui !
Perang di daratan
Perang di dasar leuwi
Ting gulutuk sora batu
Ting sareak sora koral
Ting kiritjik sora keusik !
Burial !
Burial !
TJai kiruh ti dasar leuwi
Umpalna neunggaran gawir !
Ngagulugur gawir nu urug
Ngaguruh tangkal nu rubuh
Tangkal djati garaged
Sisi leuwi sabrang wetan
Rungkad ambles kabawa palid !
Ari palidna ?
Njarangsang di birit leuwi
Tah di dinja
Engkena teh bakal ngadeg hidji lembur
Nu ngaranna di kiwari
Bantardjati
Urang tunda deui
Sina djadi lembur bantar djati !
Urang kotjapkeun Ki Santang deui !
Kadeuleu ti awang-awang
Palebah leuwi sipatahunan
Loba djasa djelema keur saling genden !
TJeuk pikir Ki Santang :
Boa-boa
DJeung kadeuleuna
DJiga lain somah ngaing kabeh !
Gadjleng !
Ki Santang luntjat tina mega
Megana mani semplak sabeulah !
Sesemplakan mega nu beulah
Murag !
Ragagna malang
Njampai dina lamping
Sakaleren gunung gede
Engkena
Dihandapeun ngadeug hidji lembur
Nu kiwari disebutna
Mega mendung !
Ladjukeun urang Ki Santang !
DJrut injana turun
DJlig injana nepi
DJung injana nantung
Kadeuleu aya numpukan
Ngagunuk tjara pitjung buruk !
TJeuk Ki Santang bari tulak tjangkeng :
Nahaeun yeuh ?
TJeuk nu nagunuk :
Nu areleh perang !
TJeuk Ki Santang :
Urang mana ?
TJeuk nu ngagunuk :
Padjadjaran !
TJeuk Ki Santang :
Eleh ku saha ?
TJeuk nu ngagunuk :
Ku urang Banten !
TJeuk Ki Santang :
Kunaha make areleh ?
TJeuk nu ngagunuk :
Litjik sih !
Katji ngegel tjeuli
Njolok mata djeung njingkabkeun samping !
TJeuk Ki Santang :
Lain litjik !
Eta tah aturan perang anjar !
Tapi kumaha sabab perang ?
TJeuk nu ngagunuk :
Ngabelaan Radja !
TJeuk Ki Santang :
Di mana Radja ?
TJeuk Nu ngagunuk :
Tuh di dasar leuwi !
Keur dihurup ku opat urang !
Ki Santang teu loba deui tjatur
Ladju injana tuturubun
Ngadjubar !
Lep !
Injana teuleum !
Tapi sabab tjaina kiruh
Teu kadeuleu
Mana Bapa mana musuh !
TJeuk Ki Santang :
E eh !
Mun neunggeul bari teu neuleu
Bisa salah anu keuna !
Leuwih hade
Ieu leuwi hade ngaing bedahkeun !
Nja der dibedahkeun
Ka hilir tjiliwung guntur !
Ka girang tjiliwung surut !
Kotjapkeun anu garelut !
Heunteu areungeuh
Sipatahunan mingkin saat !
Barang beak tjai kiruhna
Ka deuleu ku Ki Santang
Radja eundeuk diporeatkeun !
Teu antaparah !
Saebrur Radja direbut
Lung di kadaratkeun !
Anu karebut musuhna
Karuhan bae ambek djasa !
Kadeuleu ku arinjana
Aya musuh anjar !
Ladju pating surungkuy
Ting garebay
Ngaradjol bari raranggeum
Eundeuk njekek beuheung Ki Santang !
Ki Santang ngeunah seuri !
Ladju leuwi di kubek deui
Kiruhna kiruh djasa
Datang kaeuweuh nu bisa kadeuleu !
Ki Santang mah
Injana ladju ngadapang
Malang dina pamontengan !
Injana ditubruk ku opat patih Banten
Tapi Ki Santang
Njedjat bari ngagakgak !
Pamuntangan ladju bedah
Njot buburialan !
Atuh katjeot
Opat patih urang Banten !
Hulu injana ngadalagor batu
Mani remuk ka batu-batuna
Awak injana naleungar tjadas
Mani raraungkad gawir-gawirna !
Nja mooooooooooodar !
Ladju paralid
Ladju engkena njarangsang !
Anu saurang
Dilebaheun kiwari tanah djelebut
Anu saurang deui
Di bilangan kiwari tanah bodjong gede
Saurang deui
Di bilangan kiwari tanah tjitayem
Saurang deui
Di bilangan kiwari tanah sawangan !
Tapi saha nu njarangsangna ?
Saurang geh
Datang ka iraha ogeh
Moal aya nu njaho !
Lantaran waktu paralidna
Marake djubah nu pahili
Pahili ka pangkat-pangkatna !
Ngan bae
Engkena kabedjakeun
TJeunah mah djaradi karamat !
Ayeuna
Urang teang Si Lengser
Si Lengser karuhan sakabeh tukang pantun !
Barang balad Banten eureun perangna
Barabg balad Padjadjaran nunda perangna
Embah anis djeung embah anom
Eudeuk areureun nunda perangna
Ngan Si Lengser anu hanteu !
TJeuk Si Lengser :
Eundeuk ka marana dia ?
TJeuk Embah Anis :
Deuk neuleu nu dipodaran di dasar leuwi !
TJeuk Embah Anom :
Deuk neuleu nu dibeset di dasar leuwi !
TJeuk Si Lengser :
Moal kadeuleu !
TJaina geh kiruh !
Mending geh,
Urang ladjukeun perang urang !
Kapalang
Tingal sadjurud deui !
Tapi Embah Anis deuk nodjok terus
Emabh Anom ogeh deuk nodjok terus
Ladju ku Si Lengser
Emanh Anis didjenggut djambrongna
Emabh Anom didjebak djabrikna !
Karuhan
Mani pating tjaweuweuw !
Tapina
Hanteu ngaralawan
Sabab harayang laladjo nu perang di dasar leuwi !
Torolong bae duaan lalumpatan
Lalumpat bari darongko
Lalumpat bari susulumputan !
Lantaran hayang djarongdjon laladjona
DJeung ulah kapanggih ku Si Lengser
Nja laladjo teh
Dibirit leuwi sabrang kulon !
TJaringgoooo bae !
Dina sisi gawir handapeun kopo
Tunda deui !
Keun sina tjaringogo !
Kotjapkeun
Radja Sunda djeung Ki Santang !
Geus harandjat deui !
Ladju ngabuburak balad Banten
Mani ting alatjir paburisat
DJiga rorongo dikebutkeun !
TJeuk Radja ka Ki Santang :
Hadena Aden kaburu datang !
TJeuk Ki Santang :
Mun teu kaburu ?
TJeuk Radja :
Mantak teuin lalakon pandjang
Tah
Ari geus paralid mah
Moal bisa tjalutak deui !
Tapi sing aringet !
Nadjan arinjana
Geus eleh dua kali
Radjana mah
Panasaran keneh !
Tangtu injana the
Hayang keneh njilakakeun urang
Njilakakeunana
Moal ku djalan kasar
Tapi ngakalan
Ku djalan halus !
Bedjaan kabeh sanak, kabeh kadang
Sing ti ayeuna keneh
Pipir imah saimahna
Beulah kentja nu di tukang
Di hareup beulah katuhu
Marelak
Tangkal sente
Pikeun tumbal keuna baradja !adju marelak deui
Tangkal tjau emas
Pieun tamba keuna wisaya
Sabab kahareupna
Musuh teh ngalawana
Ku djalan guna wisaya
Ku teluh eudjeung mudu
Ku waredjit utah getih
Njieun edan djadi sasar
Gering nangtung ngaganggayong !
Tapi teu mudu sieun !
Mun aya nu keuna kitu
Sambat bae bae ngaran bapa
TJeluk bae ngaran dia
Ladju mandian ku tjai
Ti leuwi sipatahunan
DJeung inuman
Ku tjai
Ti pantjuran tudjuh !
Ari djampena ?
Sina diadjar bae ti Si Lengser !
Tunda deui !
Sina diadjar djampe teluh ka Si Lengser
Kotjapkeun deui Si Lengser di tegalan !
Injana dagdag-digdig sorang bae
Tulang tjangkeng bari tetendjrag
Hahaok bari popolotot
Ngareuhak bari kekerot
Nantang musuh nu tingaleun kalang !
Kadeuleu ku injana
Gawir urug, leuwi bedah
Balad musuh loba nu paling !
Ngeunah djasa angen Si Lengser
Gadag-gidig injana ka tengah tegalan
Leungeun anu kentja
Tulak tjangkeng njerengkebeng
Nu katuhu
Dikeupatkeun ngagandedjang
TJara deumang eundeuk ngandjang
Endeuk mogor ka anak mandor !
Ret injana ka kaler
Leuweung djati urug saparo
Mani ngemplong deudeuleuan
Kadeuleu aya deui ngaraleut
Nu areureun di birit leuwi
Birit leuwi sabrang kulon !
Nu ngaraleut teh
Ladju ngaromong djeung sesana balad Banten !
Tah lebah dinja
Engkena tah nadeug hidji lembur
Nu kiwari disebutna
Pabaton !
Sabab urut ngumpul djeung badami !
Si Lengser ladju nabeuh bende !
Atuh
Barang bende ditabeuh deui teh
Mani beeeeedjat burarakan !
Ari tjeuli bende ?
Mani ngatjleng
Ragragna di leubahan nu kiwari djadi lembur
Nu ngarana
TJeuli beunde !
Kadenge ku Radja urang
Ladju dihaokan
TJeuk Radja :
Nahaeun Lengser ?
TJeuk Si Lengser :
Musuh datang deui !
TJeuk Radja :
Sabaraha ?
TJeuk Si Lengser :
Njaho teuin !
Teu kabilang
Ngan ayeuna mah marake djendol !
Der perang !
Perang deui !
Perang
Perang
Perang batur, perang !
Leuwih rosa ti perang nu ti heula !
Perang djeung musuh nu anjar datang
Perang djeung nu marake djendol
Perang deui djeung sesana balad Banten !
Perang, perang !
Urang Padjadjaran
Dihurup hidji musuh salikur
Sabab urang Banten
Dibantu ku balad ti wetan !
Lantaran balad musuh nu ti wetan
Tambah deui tambah deui
Nja kawalahan ogeh Radja urang
Nja kawalahan ogeh Ki Santang
Nja kawalahan ogeh Si Lengser !
Burubul musuh ti kidul
Surudug
Si Lengser ka kidul !
Burubul musuh ti kulon
Surudug
Si Lengser nangkis di kaler !
Burubul musuh ti wetan
Surudug
Si Lengser ngamuk di wetan !
Urang Padjadjaran perangna rosa djasa !
Sakabeh ngilu perang
Aki-aki ngilu perang
Nini-nini ngilu perang
Karuhan nu ngarora mah
Nu lelengeh ngilu perang
Nu barudjang
Ngalawanana galak djasa
Sabab ku beubeureuh
Mun ku musuh
Nu sapotong dikeureut sapotong
kimpoi the
Endeuk moal didjadikeun !
Perang nu tjawene ?
Leuwih giras ti tjangehgar
Sabab arinjana heunteu sudi
Mudu leungit anu njempil
Ditjarokel make obeng !
Perang, batur, perang !
Mangkin lila beuki rosa
Mangkin tambah balad musuh
Beuki kawalahan Padjadjaran ……….. !
TJeuk Radja ka Si Lengser :
Mun kieu terus-terusan
Matak boa mudu mundur !
TJeuk Si Lengser :
Entjan wayah !
Leuwih hade
Urang ganti aturan perangna !
Urang make aturan anjar
Nja eta
Akeul dulang kadju samida !
Hartina
Kadju seungit pieun ngukus !
Tegesna
Amin djaya aya di urang
Tangtu musuh bakal musna
Tapi
Amun apes papasten urang
Paeh geh moal djaradi djurig
Sabab sukma urang
Diparenahkeun di kahiyangan !
Lantaran paehna urang
Gara-gara
Satuhu ka Sang Rumuhun
Bela-pati ka Nagara !
TJeuk Radja :
Kumaha ngaturna ?
TJeuk Si Lengser :
Geura tuturkeun !
Ladju Si Lengser ka tengah tegalan
Burudul musuh ti kidul
Suruntul Si Lengser ka kaler !
Burudul musuh ti kulon
Suruntul Si Lengser ka kidul !
Burudul musuh ti kaler
Suruntul Si Lengser ka wetan !
TJindeukna mah
Perang tjara Si Lengser teh
Datang ka lebur djagat tetempuran ogeh
Moal deuk aya nu bisa nuri !
Sadupak-dupakna matak tjilaka
Satubruk-tubrukna matak ripuh
Satedjeh-tedjehna matak bengek
Satintjak-tintjakna matak bohak
Sarawel-rawelna matadj soek
Nja karuhan
Musuh mani paburisat !
Kumaha amun
Burubul musuh ti wetan ?
Suruntul Si Lengser ka tengah tegalan !
Amun musuh anggeus parek
Si Lengser ladju nonggeng
Bari nonggeng njingsatkeun samping !
Ku maha ari musuh ?
Arinjana ladju bae kasima !
Sabab pikir arinjana
Eta kandjut injana geus sagede kiiiitu … !
Tada teuin meureun gaganden injana mah … !
Nja ladju sakabeh anu nareuleu Si Lengser nonggeng
Pada kalenger !
TJindekna perang tjara Si Lengser mah
Datang ka iraha ogeh
Moal endeuk aya nu niru !
Teu kabilang anu modar
Teu kabilang anu rarusak …. !
Nu teu katibuk teu kadupak
Teu katedjeh teu kasiku
Ripuhna mah sarua baeeeee … !
Malahan arinjana mah
Paraeh teh leuwih tjilaka !
Nja eta
Molotot bari sambutut
Bari leungeun marentjet irung !
Sabab Si Lengser
Perang teh injana mah mamawa sigung … !
Urang mah, urang tempo Radja urang !
Nu keur perang dibantu ku Ki Santang !
Perang njana rosa djasa !
Datang ka tegalan sakitu legana
DJadi heurin ku nu keur perang ……. !
Ting dorongkok tampal nu reuntas
Ting bareok dapuran awi … !
Tegal lega
Ngalegaan … !
Beuki lega beuki lega ……. !
Engkena di tegalan tadi perang, ngadeug lembur
Nu kiwari disebut Tegal lega !
TJeuk tadi ogeh
Urang Padjadjaran kawalahan !
Sabab nadjan gagah nadjan sakti !
Ari musuh
Tambah deui tambah deui mah
Lila-lia nja kawalahan djasa !
Radja urang kasedekeun ka beh kidul
Ki Santang kasedeken ka beh kidul
Ari Si Lengser ?
Injana mah terus bae saradag sarudug susurudug ….. !
Barang njurudug deui the
Kalangsu teuin …. !
Engeuh-eungeuh
Injana tikatjubar di TJai Sadani
Putjunghul injana timbul
Alagag-euleugeg bari kabesekan
Ladju
Gurawil keuna gawir
DJiga peusing unggah ka pasir !
Hanteu kanjahoan … Kadewek !
TJokor Si Lengser sadua-dua
Ti lebak aya nu newak !
Heu !
Si Lengser aya nu ngabeubeutkeun !
Mani nambru djiga mandilaka dalu !
TJeuk nu ngabeubeutkeun sabari njareungir :
Heheh !
Kapiheulaan njah !
TJeuk Si Lengser :
Heueueueu … Euh !
Ladju injana endeuk ngalawan
Ngalawan bari muranteng
Bari muranteng keuna tjangkuwang !
Tapi ti lebak
TJokor Si Lengser duanana
Dibaredol sataker tanaga !
Ladju Si Lengser tetedjeh ,
Satedjeh kadia tedjeh !
Katilu tekeh mah
Gubrag bae Si Lengser ngadjolopong !
Ladju disesered
Digusur ka lebak deui !
Reg randeg
Sabab Si Lengser muntang keuna tjangkuwang deui !
TJangkuwang geh tjangkuwang baheula lain tjangkuwang djaman kiwari !
Ladju pabedol-bedol …. !
Musuh ngabedol Si Lengser !
Si Lengser ngabedol tjangkengna !
Bedol
Bedol !
Bedol pabedol-bedol !
Ari nu ripuhna mah
Nja Si Lengser baeeee !
Pikir injana :
Saha manusaaaaa nu ngabedol ?
Ari ret the
Kadeuleu ku injana dua urang ting tjarengir !
TJeuk Si Lengser :
Geuning si ganggarangan !
Si Anom djeung si Anis !
TJeuk Embah Anom djeung Embah Anis :
Heheh ! Beunang siah ayeuna mah !
Si Lengser motah deui !
Injana motah djasa
Tetedjeh sabari muranteng
Bari muranteng sabari njerengid !
TJeuk Embah Anom :
Bedul nis !
Urang sundatan !
TJeuk Embah Anis :
Bedul nom !
Urang sundatan !
TJeuk Si Lengser :
Moal teurak !
Geus liat teuin !
Ladju pa bedol-bedol deui …. !
Bedas nu ngabedol
Pageuh nu dibedol …
Tapi ladjuna mah
TJangkuwang ladju rungkad pegat akarna !
Harita ti patuha
Di tonggoheun Balekambang
Ku balad urang nu keur djaga
Kadeuleu Si Lengser keur rorowesan !
Ladju di tarulungan !
Durudud Si Lengser digarusur ditarulungan !
Dereded ! Si Lengser disesered
Disered musuh ka lebak deui
Disesered ka sisi tjai !
Durudud ! Si Lengser ku batur-batur
Digusur ka tonggoh deui
Dibawa unggah ka lebah Patuha !
Tapi
Dereded Si Lengser ku musuh-musuh
Disesered ka lebak deui !
Durudud deui ! Dereded deui !
Ka tonggoh deui ka lebak deui
Datang ka gawir lebah dinja
Beuki legok beuki lega … !
TJeuk Si Lengser :
Terus batur terus !
Itung-itung ngangaradji djagat !
Terus !
Abeh kurap dina taktak
Abeh hapur dina budjur
Kabeh beak ka akar-akarna !
TJeuk balad urang di patuha :
Rambati …. rata haaayu !
Ladju
Durudud Si Lengser digusur ka ruhur !
TJeuk embah Anom djeung embah Anis :
Upih djambe murag ngabete !
Bereleeeeee !
Dereded Si Lengser ku Embah Anom djeung Embah Anis
Deserered deui ditatarik deui ka sisi tjai !
Barang anggeus ku batur-batur
Didurudud ka luhur deui
Kumusuh deuk disered ka leubak deui
TJeuk Si Lengser ka urang Patuha :
Esotkeun batur leupaskeun !
Atuh barang dereded teh
Embah Anom djeung Embah Anis
Nararik the
Badis meset djeudjeur pegat useupna !
Mani tinggulitik djudjuralitan
Ting garolong ka lebakeun
Paheula-heula djeung Si Lengser !
Lantara Si Lengser mah
Awak injana lintuh tjara kebo buleud keur reuneuh
Atuh Si Lengser mah
Ngagorolong teh
TJara berenuk murag di lamping !
Karuhan
Injana datang pangheulana ka sisi tjai !
TJeuk Si Lengser ka nu ragag pandeuri :
Warani ?
TJeuk Embah Anom djeung Embah Anis :
Ke heula !
Ulah wara di tanja !
Lalieur keneh
DJeung tjan eling bener !
Puguh tjeuk ti heula ogeh, perang baheula mah
Hanteu tjara perang di djaman kiwari !
Si Lengser teu tatanja deui !
Embah Anis djeung Embah Anom ladju dirawu
Dialungkeun !
Ari Embah Anis ?
Injana ragag di bilangan kiwari tanah serepong !
Ari Embah Anom ?
Ragag di bilangan kiwari tanah kuripan
Skalereun gunung bubut …. !
Bedjana mah
Engke teh djaradi karamat !
Ngan digaranti ngaran
Lantaran areraeun eleh perang !
DJeung lantaran ngaran Anis djeung Anom mah
TJara ngaran DJaya djeung Tubagus
Eta mah ngaran arinjana di keur budak !
Apan ari geus djaradi pangkat mah
Ngaran arinjana saredjen deui …. !
Ari gawir urut Si Lengser diseret djeung digusur
Kiwari teh aya keneh !
Lebah dinja disarebut dereded …. !
Anggeus ngabalangkeun musuh nu dua
Si Lengser ladju ngulon ngaler
Karep injana deuk ngadeuleu beusi aya eukeur ripuh
Beusi aya balad keur kawalahan …. !
Di lebah urut Si Lengser lengak-longok tempa-tempo
Engkena ngadeug lembur anu kiwari ngarana lolongok !
Barang Si Lengser keur telag-telog
TJara bango ngadodoho bangkong
Injana kadeuleu musuh !
Ladju diaruber, dikarepung diarudag-udag !
Si Lengser njumput !
Injana teuleum dina rawa nu loba bolangan !
Engkena
Di urut Si Lengser njumput
Ngadeug lembur nu dingarana rawa balong !
Ti enggon injana njumput
Kadeuleu ku Si Lengser
Musuh ngaleut keur narandjak
Ngabondong ka tonggoheun
Ladju ngarumpul di leubahan anu rata
Engkena
Di lebahan dinja nadeug lembur
Nu kiwari disarebutna bondongan !
Sabab di lebah dinja pisan ngarumpulna musuh nu eundeuk ngarugrung bari naranggoan parentah mudu taram !
Anggeus mahi batur-batur arinjana
Musuh ladju ngarugrug …. !
Urang Banten beuki galak leuwih bengis
Sabab tambah loba nu ngabantu arinjana !
Urang wetan leuwih loba
Tambah wani tambah galak
Sabab tambah loba batur arinjana !
Urang Padjadjaran geh
Tambah …… !
Ngan tambahna
Tambah beak !
Sabab hidji ngaganda salikur
Salikur ngalawan musuh aya ratusan … !
Nja karuhan
Urang Padjadjaran geus kalingung !
Musuh tingtarekel keuna kuta …. !
Der perang didjero eun kuta
Di belahan kiwari aya lembur djero kuta !
Kuta beak imah beak
Beak saung djeung kandang-kandangna
Beak dirakrak djeung dihuru
Diduruk musuh nu lain tanding dina lobana !
TJeuk urang Padjadjaran :
Lengser, Bapa, Aki !
Kumaha …… ?
TJeuk Si Lengser :
Mundur, batur mundur !
Urang mundur ngetan ngidul !
Ladju urang Padjadjaran mararundur
Njabrang
Njararabrang leuwi Ki Pata Hunan
Ka sabrangeun gintung nu tudjuh !
Nja amprok djeung Radja urang
Di tegalan tungtung kidul
Tonggoheun tjai leutik !
TJeuk Radja ka Si Lengser :
Ripuh mun kieu mah !
Boa-boa urang mudu taluk ?
Karunja ka somah !
Teu deuk narima batur ka siksa !
TJeuk Si Lengser :
Padjadjaran mah Gusti
TJadu keuna taluk
Sabab buyut ti karuhun !
Lebahan Si Lengser njebutkeun buyut
Engke the disarubutna tjikabuyutan !
TJeuk Radja :
Dayeuh geus direbut musuh !
TJeuk Si Lengser :
Nadjan dayeuh geus karebut
Radja mah teu meunang taluk !
Padjadjaran teh lega keneh !
Lega keneh enggon perang !
Terus Gusti terus !
Nadjan perang sabari mundur
Urang mundur the lain eleh
Urang Padjadjaran ladju mundur …. !
Lain mundur kasedek ku Urang Banten djeung Wetan !
Tapi mundur
Kantaran hanteu nanding dina loba !
Tah eta gara-garana datang ka engke
Urang Sunda
Ti harita datang ka kiwari
Kadeseh deui kadeseh deui
Ka sakur anu daratang
Ngaradon hirup di Tanah Sunda
DJeung daratangna
Nu ti Kulon djeung ti Wetan !
Da bongan urang Sunda keneh djeung Sunda keneh
Marantuan anu daratang
Sina njampalan di urutna Padjadjaran Tengah !
Sabab-sababna marantuwan djeung gararantep
Sina deungeun-deungeun njarampalan ?
Lantaran pada sarieun
Urang Padjadjaran Tengah djaraya deui !
Lantaran
Pada saririk ka urang Padjadjaran Tengah
Anu dina wayah nu bakal datang
Barus ngaluluguan Bangsa Sunda !
Ngadjadjarkeun
Anu bener ti nu saralah …. !
DJeung lantaran anu saririkna
Sarieun kaboker sagala salah sagala teu bener !
Urang tjaturkeun deui lalakonna
Urang Padjadjaran Tengah terus kadesek
Urang Padjadjaran Bogor memang kadesek !
Lain kadesek ku sabab eleh
Tapi eleh dina papasten …. !
DJeung elehnn
Eleh soteh
Kadunjaan
Kapangkatan
Kakawasaan
Salila
Genep djaman katudjuh djalan …. !
Tah salila eta
Urang Bogor Padjadjaran
Baris didjarieun kekesed dina balumbang ….. !
Urang kotjapkeun deui nu keur marundur !
Marundur sabari perang
Sabari perang mundur ka girang !
Nja andjong ka suku gunung
Ka legok anu njangkewok …. !
Di dinja ladju rareureuh
Bari naranggoan kedjo asak diseupan !
Tapi henteu kaburu asak
Sabab musuh kaburu njusul !
Plok !
Aseupan ditamplokeun
Kedjona dibawa ladju !
Blok !
Seengna dibahekeun
TJaina ngotjor ka kobak !
Tah di lebah dinja
Engkena nadeug lembur anu datang ka
kiwari disebutna tjiseupan !
Datang ti kiwari tjai dina eta kobakan
TJaina teh haneut bae !
DJeung kitu sabab-sabab datang ka kiwari
Di lebah dinja sok loba tjawene
Ari ngedjo sok tara asak !
Lain teu asak teu bisa ngareredjo !
Tepi teu arasakna
Lantaran ngaredjo teh
Sok ditaringgalkeun otjon djeung beubeureuh !
Urang susul nu keur marundur !
Marundur marundur terus ……… !
Nja andjlong ka hidji djurang
Nu gawir-gawirna djero djasa
DJero leuweung kawung wungkul ….. !
Ladju njarieun tjukang
Tina wakung nu karolot djasa
Tina bengkel paradjang tangkal
DJeung njarieun tjukang
Tina tatangkalan anu galeuhan …… !
Engkena di lebah dinja ngadeug anu datang ka kiwari
Disebutna tjukang galeuh !
Ladju ngararukan ….. !
Njararukang gagantjangan
Ambeh teu kasusul musuh
Ladju njararusup ka hidji leuweung
Sisi tjai lebah nu singkur
Sedja arinjana eudeuk reureuh
Eudeuk njareluk para karuhun
Bari njararambat ka para Dewa
Sing hate keu-eung dipangnegerkeun
Sing diwanikeun hate nu sieun
DJeung ditangtayunan djero galungan …. !
Abeh
Amun paeh di pangperangan
DJaga bisa ngilu deui
Hutang uyah maray uyah
Hutang djiwa maray djiwa ……. !
Sabab dina marundur
Lain urang Bogor Padjadjaran kadesek perang
Tapi perang teh
Apanan sabab manadeh
Hanteu purun dipaksa deungeun
Hanteu sudi ganti sembaheun
Hanteu sudi tukeur pangdeuleu
Hanteu sudi ganti karuhun
DJeung hanteu sudi nurutan adat
Bawa deungeun ti tanah sabrang !
DJeung lain manandeh ka gantina djaman
Tapi manandeh
Ka djaman mudu nurut bae djadi badega !
TJai leutik lebahan manandehna urang Bogor Padjadjaran
Engkena disarebutna tjimanandeh di dinja engkena
Nadeug lembur anu sangaran !
Ladju robah djadi tjimanande
Kiwari djadi tjimande !
Lain tina mande mapandean
Tapi tina mande nu manandeh … !
Kotjapkeun
Matapowe surup ka kulon !
Nu njarusup njareungeut amar ….
Samaruk arinjana di anu singkur djero leuweung !
Hanteu njarahoeun
Kadeuleu ku musuh ti kadjauhan
Ladju disarusul
Ger perang deui !
Paperangan marawa obor !
Padjadjaran ngaganda terus
Nja karuhan
Mudu mundur terus deui
Lain mundur hanteu nanding hanteu tanding
Tapi hante tanding dina bilangan
Pes !
Pas pis pes pus …. ! Pos !
Sakabeh obor Padjadjaran dipareuman
Powekna mani mongkleng djasa
Mundur sabari ngileus
Ngileus kadjero powek !
Ari musuh ?
Lantaran powek sagala powek
Nja kakadek djeung teuteunggeul the
Hanteu barisa bari deudeuleu heula !
Karuhan
Loba balad musuh anu marodar
Dikadek batur arinjana keneh
Loba bakad musuh patinggarodjod gegerungan
Ditareunggeulan batur-batur arinjana keneh !
Urang Padjadjaran mundur terus …. !
Mundur, mundur, mundur
Mararundur di anu powek …. !
Tengah djalan
Papapag djeung awewe limaan
Ngarelek samak njaruhun anngel !
TJeuk awewe limaan :
Ka marana djeung peuting-peuting ?
TJeuk Si Lengser :
Ka marana djeung peuting-peuting ?
TJeuk awewe limaan :
Eudeuk ngendong !
Deuk ngendongan nu hudang ngadjuru !
TJeuk Si Lengser :
Kula geh daek diadjak ngendong
Ngan embung djeung anu hudang ngadjuru !
TJeuk awewe limaan :
Kula geh moal ngadjak ngendong
Da kabehan boga salaki !
TJeuk Si Lengser :
Kula geh moal eudeuk ngendong atuh
Ngan kaula eudek nanja
Ka mana njai djalan buni nu teu herit ?
TJeuk awewe limaan :
Tuturkeun bae kaula !
Tapi ulah parek teuin beusi adek !
TJeuk Si Lengser :
Moal atuh !
Ngan bisi kapohoan
Bubuhan nu keur pararowek
Aya di anu pararowek
Halangan bea tah ku anggel …. !
Di urut lebahan papah djeung eta awewe limaan
Engkena ngadeg lembur anu disarebut pantja wati
Ku awewe anu lima
Urang Padjadjaran Bogor dianteur
Dianteurkeun ka gunung djauh ti musuh !
Bray beurang !
Ladju ngareureuh
TJeuk Radja ka awewe anu limaan :
Geus !
Datang ka die bae !
Naeun hayang piburuheun dia nganteur ?
TJeuk awewe salimana :
Gusti !
Kaula kabehan
Hanteu hayang di buruhan !
Kaula mah
Sedja ngabakti !
TJeuk Radja :
Hade !
Tapi turun-runday rawayan dia kabehan
Sakur anu narurut ka kolot arinjana
Baris djember salila hirup !
Seug
Geus marulang !
Di urut eta awewe lima pamitan eudeuk marulang
Engke the nadeug lembur anu baris mawa ngaran parbakti !
Ti dinja
Urang Padjadjaran terus madju ngidul rada ngulon !
Sup ka leuweung
DJol ti leuweung !
Asup leuweung, ka luar leuweung !
Unggah gunung, turun gunung !
Arasup deui ka djero leuweung
Ka ruar leuweung !
Hante eureun-eureun
Gunung, leuweung, gunung
Leuweung, leuweung
Leuweung deui leuweung deui
Leuleuweungan di ruhur gunung !
Teu katjatur di djalanna
Ngan ditjaritakeun
Si Lengser leumpang di heula !
Sabab injana
Mudu njatjar njieun djalan pileumpangen !
Si Lengser njatjar
Njatjar, njatjar …. !
Pandjang djalan nu ditjatjar
Pandjang pidjalaneun nu mudu ditjatjar
Leuwih pandjang manan tjarita
Amun kabeh ditjaritakeun
Mantak pandjang teuin pitjaritaeun
Mantak bray kaboro beurang …. !
Pamali !
Beusi kapiteuheulaan mantare
Ku nini nini kiih di pipir
Urang kotjapkeun bae
Turun gunung, ka ruar leuweung
Asup leuweung, unggah gunung ….. !
Ladju datang ka hidji leuweung deui
Njao teuin di lebah maaaaana !
Leuweung gerotan !
TJep tiis
DJep djempling
Geu-euman
Mantak keu-eung
Mantak sieun ……. !
Ngan Si Lengser nu teu sieun
Ngan Si Lengser nu teu keu-eung !
Njuruntjul injana asup
Ladju njatjar
Injana njatjar ku dua leungeun !
Mani but bet
Sabab njatjar the kentja katuhu
Sabeulah deui gobang !
Mani but bet
Leungen injana badis koletjer
Bari suku tetendjag bae
Tetndjag adjretadjretan !
Da ngarana geh
Njatjar djalan djero leuweung
Loba langgir djeung badjongbong
Sireum beureum tingkarayap
Ngaregelan keuna kandjut !
Njatjar Si Lengser gantjang djasa
Da njatjar teh
Lain sa njatjar njatjarna
Tapi njatjar make parantjah !
TJeuk Si Lengser :
Arasup batur ! Arasup !
Urang Padjadjaran ladju arasup
Keuna galur ngabulumbung
DJiga gonggo nu golowong
Beunang ngatjar diparangdjahan !
Sup ararasup
Beuki djero beuki djero
Tapi hanteu beuki ngeunah karasana !
Sabab beuki djero beuki tiis
Beuki keueung beuki sieun !
Beuki djero beuki powek
Beuki powek remeng remeng
DJeung tjaang the samar samar !
Ladju bae
Keueung the beuki tambah
Bulu punduk pating purinding !
Beuki tambah bae sieunna
Beuki pasesedek anu leumpang
Pada pada areumbung pandeuri
Nu pandeuri harayang di hareup
Nu di hareup harayang ti heula
Nu diais areumbung digilir
Nu digarendng arembung di tukang !
Da sarieun aya nu njewol
Sieun aya nu njungkur keuna budjur
Sarieun aya nu narik sabari njiwit
Ka nu njempil di sela pimping !
Nja ladjuna mah
Sawareh mah
Laleumpang teh sabari mundur
Ngarah kadeuleu
Mun ti tukang aya nu eundeuk djail !
Kabeh pada keueung
Sakabeh pada sarieun !
Keueung na ?
Ku lantaran rarasaan bet djati beda !
Sarieunna ?
Da bongan batur batur pada sieun
DJadi be kabawa sieun !
Ngan Si Lengser bae anu ludeung
Injana mah hanteu sieun hanteu keueung
TJeuk Si Lengser :
Ari sieun ari keueung
Amun leumpang the ulah nuking !
Mudu sabari njangigir, batur ! Njangigir !
Ladju kabehan leumpang njangigir
TJara kapiting malipid gawit sisi basisir !
Ngan Radja
Ngan Ki Santang Parabu Anom
DJeung Si Lengser
Nu laleunpang biasa bae !
Da laludeung !
Beuki ladju beuki powek
Beuki djero beuki powek
Ngan tiluwan anu tadi
Arinjana mah hanteu parowek !
Sabab arinjana mah
Laleumpang teh
DJaradi pandjang djalan nu baris karosong
DJaradi panuduh djalan sapandjang djaman !
DJaman Sunda leungiteun djalan !
Beuki ladju beuki keueung
Beuki bae sarieunna
Ladjuna mah
Reg bae pada ngarandeg
Sedjen ti anu tiluwan mah
Urang Padjadjaran sakabehna
Pada ngarandeg
Hanteu warani laladju deui
Ngan tiliwan anu warani bae
Radja urang, Aria Santang djeung Si Lengser !
Si Lengser mah
Lain wani lantaran ludeng
Tapu ludeung sabab teu haliwu
DJadi boro boro engeuh lebah nu keueung !
Patjet geus sagede kohkol geh
Nangkol di punduk injana
Si Lengser mah hanteu eungeuh !
Injana tonggoy bae njatjar
Njatjar, njatjar ….
Mani haliwu bari pakeupis
Datang ka hanteu eungeuh
Njatjar teh
Dituturkeun Raden Santang Parabu Anom
DJeung Nji Putri ewe injana
DJeung ku balad loba salapan
DJeung ewe arinjana loba salapan !
Naruturkeun sabari wani
Bubuhan nuturkeun dua djago
Hanteu ludeung hanteu ludeung ogeh
Sok kabawa ludeung !
Ngan Radja nu ngilu ngarandeg !
Lain ngarandeg lantaran hanteu wani hanteu ludeung
Tapi ngarandeg teh
Radja urang mah
Ngabaturan nu teu laludeung
Ngaburihan anu kareder
Sabab Radja urang mah
Radja nu puguh njaah ka somah !
Urang mah, urang tuturkeun Si Lengser njatjar bae !
Nadjan njatjar make parangdjah
Ari geu datang ka wayah
Mudu tepung ka kabeh mudu mah
Nadjan Lengser Padjadjaran ogeh
Nja kapaksa
Njatjar the mudu ngarandeg
Lain ngarandeg lantaran keueung
Lain ngarandeg sabab teu ludeung
Tapi lantaran ngadak ngadak
Gobang djeung parang teh
Udjug udjug rarompang djeung potong gagang
TJeuk Si Lengser bari heran :
E eh naeun djeung nu hanteu teurak ?
Ladju diilikan !
Seeebut tjadas da lain tjadas
Seeebut batu da lain batu
Seeebut tunggul da lain kaaaayu !
Sebut buleud da puguh lentjop ka handap
Sebut gepeng da puguh ngunggul tjara pais bakatul !
DJeung di tengahna
Aya legok pameulahan !
DJeung ari diinget inget
Baruk badis surabaha didempetkeun !
TJeuk Si Lengser :
Naeun ieu teh batur ?
Tapi nu diadjak ngomong
Naroyod terus !
DJiga hanteu ngadarengeeun !
Ladju tjeuk Si Lengser :
Sugan tarooooooorek ?
Tapi nu diadjak ngomong
Naroyod terus
Narabas leuweung atjan ditjatjar
TJara badak naratas atas …. !
Narayod bae bari ngabuyut
Bari wani eudjeung ludeung
Da ngarana geh
Nuturkeun anu laludeung
Raden Santang eudjeung Nji Putri !
Si Lengser djadi himeng
Injana deuk njatjar deui
Ku gobang rompang teu make gagang
Ku parang romping teu make gagang
TJar sakali tjar kadua kali
TJar tjar tjar ka genep kali tjar
Parang the ngan kari ngaran !
Ladju eundeuk njatjar make gobang nu geus rompang !
Tapi gobang nu romping
Potong dua bari metjleng !
Ragagna ?
Ragagna di Tanah DJampang
Nu sapotong pondok
Ragagna di hidji gunung leutik
Nu sapotong deui
Ragagna di hidji gunung leuwih ruhur !
Eta dua gunung engkena disarebut sewang sewang gunung rompang !
TJeuk Si Lengser ditjowongkeun :
Batur ! Batur !
Batuuuuur !
Tapi nu naroyod terus
Naroyod terus !
TJeuk Si Lengser :
DJa bener taroooooorek !
Ngomong sakitu bedasna hanteu kadenge mah
Nja heueuh bener tarorek !
Memang djaradi tarorek !
Lain torek sabab torek ngadak ngadak !
Tapi torek geh hanteu kadenge
Sabab
Urang Padjadjaran njarasab
Arasup ka djero leuweung nu katelah
Leuweung tji torek !
Ari leuweung tji torek ?
Lain leuweung sabongdrong leuweung !
Tapi leuweung anu mones
Amun djero leuweung tji torek
DJelema ngomong ka djelema deui
Nadjan ngomong hahaokan
Nadjan ngomong ditamplokeun
Keuna tjeuli nu parendeng
Moal eundeuk kadenge sora
Ku tjeuli di hoakan !
Da ngarana geh
Di leuweung tji torek !
Amun aya nu nuwar kayu
Di getjok njeblog bedog injana
DJeung dorokdok gubrag tangkalna
Moal nu nuwar eundeuk ngadenge
Getjokna sora ti bedog
Gurubugna sora nu rungkad !
Da ngarana geh
Di leuweung tji torek !
Leuweung tji torek anu baheula !
Njaooooo di leuweung tji torek nu kiwari mah
Urang tjaturkeun deui Si Lengser
Injana luak lieuk
Ladju gegerowan :
Batur hwueueueuew batur !
Baruk bet djadi keueung batur ?
TJeuk Si Lengser bari gegerowan :
Ulah keueung heuheuh !
TJeuk Si Lengser keneh bae :
Ari keueueueung huhuh !
TJeuk Si Lengser keneh bae bali tjulak tjilek :
TJamahan ! TJamahan atuh !
Ladju satiung ku daun bolang
Ladju Si Lengser ngudar tjangtjut injana
Gurindjal padonghol
Lol ngagayot
Badis sayang tawon rerabkeuneung !
Bari njamahan beunget
Si Lengser ngarawel daun bolang
Ladju ditiungkeun
Kakara injana engeuh !
TJeuk Si Lengser :
Hohhoh hehheh !
Ihiiih baruk ieu mah
Geuning leuweung tji toreeeeek !
Ladju kadeuleu ku injana
Rupa rupa deudeuleuan anu tadi hante kadeuleu
Ting arayun ting gayabag
Ting garayang ting gayabag
Ting kodongkang ting kodjengkang
Ting djarebe ting baregeg
DJeung patindjalawak empot empotan !
Kadeuleu
Anu manjong anu menjeng
Anu bentelu tapi patjer
Anu mononod tjara terong ….
Beuki gede beuki pandjang
TJutjulagetan tjara hileud djeungkal !
Kadeuleu
Anu tjeper namarok meber
Anu muntjul njuat di handap
Anu kandel bari pengkeur
Anu kandel tap beye
Anu peyot mani hepe ….. !
Kadeuleu
Nu djambulan ngan diruhur
Nu buukan djiga djabringan
Nu buukan tapi parondok
Nu buukan tapi tjarang …..
DJeung nu garundul euweuh buukan !
Kadeuleu
Nu djangkorang njaruntjung hulu
Nu bareke garepeng hulu …..
Tapi anu panglobana mah
Anu badis bae supa pare ka tungtungna …..
Kabeh kabeh
Ting palotot ting arelel
Arenjet njarampeurkeun ….. !
TJeuk Si Lengser :
Heuheuy eta siiiiiiiiia !
Dedemit djurig eudjeung siluman
DJurig djarian eudjeung kelong …. !
Dewek njaho di ngaran sia !
Ngeser !
Awas siah !
Amun heureuy pangangguran
Amun djail hiri dengki
Sia ku dewek
Dibekok …. !
TJi torek djeung leuweungna
Leuweungna djeung eusina
Sakabeh djeung sia ……
Padjadjaran anu boga !
Hayuh !
Ngeser ……. !
Ladju Si Lengser ngareuhak
Bari nagreuhak sabari hitut
Mani paburiyak saeusi leuweung
Njarusup padjauh djauh
Njarumput pabuni buni !
Ti dinja
Ladju Si Lengser njampeurkeun Radja
TJeuk Si Lengser ;
Katalimbang Gusti !
Mulang deui !
Ieu leuweung loba eusina
Loba djurig djeung dedemit !
Ladju urang Padjadjaran nu ngarandeg tea
Marulang deui
Marundur deui marapay galur …. !
Urang susul ayeuna Raden Santang Parabu Anom Aria TJakrabuana !
Keur Si Lengser njinglarkeun saeusi leuweung tji torek
Raden Santang mah noyod terus …..
Bubuhan anu ludeung !
Ki Santang noyod terus !
Dituturkeun ku nu ngarilu
Bubuhan ari nuturkeun DJawara mah
Hanteu ludeung oge
Sok djadi rada ludeung !
Digerowah ku Si Lengser !
Da puguh di leuweung tji torek
Atuh hanteu kadarengeeun !
Raden Santang Parabu Anom
Noyod terus …
Dituturkeun ku nu ngarilu ….. !
Leumpang arinjana ?
Nutur nutur galur maung
Mapay mapay latjak badak …. !
Nja ladju andjlug ka hidji lebah anu lega !
Eukeur lega diriung gunung
DJeung pasir pasir di beulah hilir !
Di injana deuk ngababakan !
Tapi aya sora euweuh rupa
Nu njarita ka injana :
Atjan wayah !
Kapalang !
Lalakon tinggal sababak !
Siyar heula ku dia
Di nu singkur tapi subur !
Tah di dinja
Dia meunang ngababakan
Ngarawaykeun turunan dia !
Tapi
Di lemah nu ngeplak bodas
Ngan dia sakuren dia nu meunang tjitjing !
Nu sedjen mah
Mudu misah !
Sina arimah imah hanteu djauh
Di tegalan karungruman
Ku rurungkunan wungkul baduyut !
Di dinja
Dia sakabehan
Garanti ngaran !
Ladju dia kabehan pada alok
Hanteu njaho Padjadjaran !
Sababna ?
Sabab Padjadjaran
Mudu heula salin ngaran
Malih wawangi nu kasili …. !
Engke
Di djaman kembang tarate
Diparake nukeuran beyas
Baris aya kembang djadi buwah
Dina tangkal gede
Nu buahna teu usuman !
Tapi saban usum buwah buwah ngabeungbeureuman
Di tangkal eta
Mudu bae aya buwah
Diweureueun ka nu djaraya
Tapi
Ngabeuntakeun anu lalolong
DJeung ngahedjarkeun sakur nu nineung !
Salila lemah lebah tjawene
TJan digarap ku nu barogana
Bawa ku dia ngaran Batara
Ibarat tjikal dina bantjul !
Engke
Di djaman anu mudu keneh kasorang
Aya wayah
Rawayan dia mudu nepungan hidji baraya
Nu ngalalakon bari dilalakonkeun
Tah injana
Nu njekel tulak ka Padjadjaran
Tapi euweuh saurang anu areungeuh !
Sabab
Nadjan njembar pangabisa
Nadjan unggul di pangaweruh
Euweuh injana nu ngadjenan !
Sabab imah injana
Dihateupan ku haneuleum
Ditihangan ku handjuang
Dipantoan
Batu satantung
Ayana di birit leuwi
Ki Patahunan anu baheula !
Samemeh datang wayah eta
Rawayan dia baris
Moal suwung suwung ku tjotjoba
Baris saban saban kadatangan semah !
Aku ! Da ngarana geh semah !
Tapi sing waspada !
Sabab arinjana
Harayang njaho
Saha rawayan dia, saha Padjadjaran !
DJeung arinjana
Aya nu baris mamaksa
Rawayan dia garanti tjara sineumbah !
Inget !
Rawayan dia ulah wara sina muka rahsiah
Mun tjan tepung djeung nu njekel tulak …. !
Ladju Raden Santang djeung nu ngarilu
Narindah deui
Njariar lebah nu bodas lemahna !
Tunda !
Keun sina ngababakan
Saaeun urang engke djaga ….. !
Urang teang deui nu ka raruar ti djero leuweung !
Urang Padjadjaran eudjeung Radja djeung Si Lengser
Ka ruar deui ti djero leuweung
Ladju narindak datang ka hidji gunung
Ladju ararunggah ….
Beuki ruhur beuki ripuh
DJeung ngadak ngadak
Datang sasalad ….
Anu arunggah djadi barongkok
Nu marudun djadi saronggeng …
Kolot budak njareri tjangkeng !
TJeuk Radja :
Euweuh nu mawa djadjamu ?
TJeuk Urang Padjadjaran sakabehan
Sakabehan di barengkeun :
Euweueueueueuh …. !
TJeuk Radja :
Mana Si Lengser ?
TJeuk sakabeh urang Padjadjaran dibarengkeun :
Euweueueueueuueh …. !
Si Lengser memang euweuh
Lain euweuh sabab paeh njeri tjangkeng
Tapi euweuh hante kadeuleu kadeuleu !
Injana asup ka leuweung
Hanteu lila kurunjung deui
Dina hulu njuhun buntelan
Nu didjieun tina iket injana !
Dina tonggong ngagandong buntelan
Bunteulan tina djemang injana
Leungeun kentja njangkeh buntelan
Bari leungeun injana anu katuhu
Ngabunian buntelan sagede nangka meudjeuh angeuneun
DJeung di ruhurna
Aya djambulan …. !
Mantakna dibunian ku leungeun
Sabab samping injana
TJeuk tadi geh
Apanan dipake buntelan ….. !
Gubrag !
Tilu buntelan digubragkeun
Apan anu djambulan
Eta mah
Buru buru diselapkeun
Dikempit tukangeun pingping !
Eurula ……
Eusina buntelan anu tilu
Ku Si Lengser diborolokeun !
Ari eusina ?
Dangdaunan djeung akar akaran !
TJeuk Si Lengser bari diuk lain nagog lain
Da djiga eukeur diuk dina djodjodog tanggung :
Tah ubarna !
Ki beuling eudjeung ki tjentang
Memeniran djeung kumis utjing
TJampurkeun djeung akar pungpurutan !
Godog, godog !
TJaina mudu satihang
Nginumna disakalikeun !
Pieun saurangan !
Pieun duaaneun ?
TJaina dua tihang
Nginumna disakalikeun
Tah eta tumbal njeuri tjangkeng !
Tah ieu gandapura !
Tumbal keneh njeuri tjangkeng !
Daunna djeung akarna
Diridjeus make tjikur
Ladju balurkeun dina tjangkeng !
Tah ieu djawer kotok !
Tumbal awewe ararateul
Dina lebah dedengkatan !
DJawer kotol leob heula
Ladju gileus gileus sina leumpeuh !
Ladju
Gosok gosokeun lebah nu ateul
Dirurukeun lebah nu ateul …. !
Amun ateulna rendjen bae
Wewelkeun ……. !
Ieu akar
Akar pangpurutan kembang paul
Tumbal pieun aki aki
Anu resep keneh
Eundeuk eundeukan bari nangkuban !
Godog, godog !
TJara tumbal njeuri tjangkeng ka hidji
Ieu kembang ? Kembang pungpurutan anu paul !
Rindjeus ! Ladju dipake ngurut
Sapandjang gagang datang keuna beuheungna !
Tanggung heuras tjara tiwu bodas !
Ieu akar
Akar pungpurutan kembang bodas !
Tumbal pieun si nini
Abeh dipisono ku si aki !
Godog !
TJampurkeun heula pangglay sateukteuk
Eudjeung pepel parareungkeur
TJara anu munding tjawene kenah !
Ari ieu putjuk baluntas ?
Tumbal pieun ngubaran
Bau awak bau kelek
Bau di lebah sakur buluwan
Bau kesang mani hangru !
Ngubarkeunnana ?
Lalab ……. !
Anu kieu ?
DJadjamu ngan kari djeduh !
Didjeduhna tina
Buwah kalengkeng
Akar tjareme
Siki areuy tuwa lauk !
Paranti njuguhan semah
Amun hayang dibui ……. !
Ari anu kieu ngarana koneng bodas !
Parud ! Ladju balurkeun
Ka awak budak anu keur tampek !
Inumanana ?
Gogogan akar eurih eudjeung seureuh
Ditjampur daun saga
Sakalian ubar batukna !
Mun nu kieu ?
Ngarana the regeg salak
Tumbal mitoha anu bawel ….. !
Rodjokeun be keuna palangkakanana …. !
Tunda deui batur bisi kaisukan !
Bari nanggowan godogan asak, eudjeung ngadedengekeun
Aya ragag salak dirodjokkeun ….. !
Gunung urut Si Lengser njiyar tumbal kiwari aya keneh !
Njaeta anu kiwari dingarana gunung tumbal !
Nararintjak ngidul wetan
Ngidul ngetan rada ngaler …..
Arunggah deui ka hidji gunung
Si Lengser unggah pangheulana
Sedja injana deuk neuleu ka mana djalan
Piwaludjaeun bari teu herit
Sorangeun djaga Bangsa Sunda
Salila djaman Sunda pahili deule
Hanteu ragam sababaturan
Ladju ku bangsa deungeun
Kasili deui kasili bae ….. !
Ti mumunggang bahe ngetan
Kadeuleu ku injana
Kuwung kuwung ngundak tudjuh
DJeung ngembatna njela bumi
DJiga ungdjah tina sagara
DJeung nutugna nimus halimun
Keuna logak karimbunan
Dina langping hidji gunung
Hanteu djauh ti tegalan anu engke djaga
Boga ngaran tegal rarangan
DJeung baris ditjirian
Ku tjaringin tudjuh rampag djarangkung
Di delang salapan Ki Hara
Ngadjadjarna papageran …… !
Urang Padjadjaran mani areuweh
Neuleu kuwung kuwung ngundak tudjuh !
Kabeh pada laladjo
Pada neuleu mani ngabengbreng
Ngabengbreng ti ruhur gunung !
Gunung urut urang Padjadjaran neuleukeun kuwung kuwung
Kiwari aya keneh
Ngarana geh gunung bengbreng !
Meudjeuh kabeh pada euweuh
Ka Radja njampeurkeun Nji Putri pangais bungsu
Pangais bungsu ti nu katudjuh
Saha ngaran injana ?
Kabedjaeunana mah
Nji Putri Gandrung Arum !
TJeuk Nji Putri :
Rama Gustiiiii ….. !
Kaula deuk menta widi
Hayang ngababakan di lebah itu
Lebah kuwung kuwung nutug tudjuh !
Sedja kaula eundeuk tapa !
Kaula menta pibatureun
Tudjuh pantaran kaula !
TJeuk Radja :
Njai !
Ngaing moal ngahalang halang !
Seug !
Geura pilih pibatureun !
Nji Putri ladju milih !
Milih milih …. Tudjuh kali injana milih
Tudjuh kali milih deui
Nja dipilih :
Tudjuh tjawene njampeurkeun mata
Sabab galeulis njeples Nji Putri
Pangawakan njeples Nji Putri
Sagala gala njeples Nji Putri
Njeples Nji Putri ka sora sora !
Ngan aya
Nu dihadja sina bega !
Nja eta
Dina karang nu leutik djasa !
Sewang sewang baroga tanda
Karang leutik tjiga bentang
Nu ngagentjlang nadjan beurang
Eudjeung tjaangna nu tjaang …. !
Karang tanda Njai Putri
Dina tengah tengah tarang !
Ari tanda karang nu tudjuhan
Sewang sewang aya lebahna
Aya nu dina pipi kentja deukeut gado
Aya nu dina punduk beulah katuhu
Aya nu dina susu njeungseung beulah kentja
Aya nu dina tukang
Dina birit demplon beulah katuhu
Aya nu dina beuteung deukeut ka eta
Aya nu dina pingping deukeut ka eta
Malah anu saurang deui mah
Ditengah tengah nja eta tea …. !
( Heu euh eta eta injana tea ….. ! )
Anggeus milih
Nji Putri nindak
TJeuk Radja :
Lengser
Eta lebak urang ngaranan
Lebak TJawene !
Salila Nji Putri entjan purun
Babakan injana kasaba semah
Salila kitu
Eta babakan di lemah eta
Moal deuk bisa kasorang djelema anu njiyar !
Tapi engke
Eta lebak di eta lemah
Bakal kasaba teu dihadja
Ku aki aki ngora keneh
DJeung ku budak angon nu djanggotan !
Tah eta duaan
Nu ngan baris njararaho
Dina rupa eudjeung lebah
Dina ngaran Lebak TJawene !
Eta aki aki ngora pangabisa
Engke injana bakal nudjah
Tapi ka budak angon
Anu unggul pangaweruh
Injana bakal katukah …… !
Engke gara gara aya kutu unggah gunung
Eta aki aki baris kadongdong
Injana baris djadi gara gara
Anu ngagara garakeun Sunda
Paseya djeung urang Sunda keneh !
Bangsa Sunda maseyan
Bangsa Sunda deui !
Budak angon anu bela
Injana bakal djadi puraga
Sabab injana sanggup djadi puraga
Dina bela melaan Padjadjaran ………….. !
Lebak TJawene di Lemah TJawene
Ladju euweuh nu njaraho deui
Sabab budak angon
Mawa rasiah injana ka djero kubur !
Tapi dina tutunggul injana
Baris ngelak bae gagak
Nitah ngorehkeun deui karehaneun
Dina kalangkang Paku DJadjar Ki Pahare …. !
Sabab dina kalakay Handjuang Sidjang
Ku budak angon kungsi kabatja
Wayah bentang baris nuduhkeun
Pidjodoeun Nji Putri Gandrum Arum ….. !
Urang Tunda nu ngababakan !
Keun nu geulis sina djongdjon tararapa
Bari ngadarenge dengekeun wayah gagak
Anu baris ngelak di kuburan …… !
Urang mah, urang ladjukeun nuturkeun Si Lengser
Anu anggeus turun ladju unggah deui
Turun gunung unggah gunung
Asup leuweung ka ruar leuweung …
Ladju arunggah deui
Keuna gunung di beulah wetan
Beulah wetan njetjep tiis
Mani tiis nadjan tangari
Urang Padjadjaran ararunggah
Runghap runghap bari tiris
Tapi aus teu eureun eureun ….
Ladju saban reureuh
Nginum deui nginum deui
Datang ka beuteung arinjana barungkiyang !
Ladjuna mah
Sakabeh teu eureun eureun
Pada harayang kiih bae …. !
Ladju karariih
Karariih sabari nagog
Karariih sabari nangtung
Karariih sabari leumpang
Karariih teu kaburu njingsat njingsat atjan …
Nja karuhan
Ngariihan samping di djero samping …. !
TJeuk urang Padjadjaran :
Lengser ! Bapa ! Aki !
TJeuk Si Lengser :
Kariih mah kariih beeee …. !
Montong teuin sabari nagog
Sabari leumpang geh bisa !
Ngan mudu leumpang sabari ngagegang
Eudjeung birit teu kakiihan …. !
Gunung urut urang Padjadjaran karariih bae, kiwari aya keneh
Ngarana geh gunung beser !
TJeuk Radja :
Lengser !
Ulah turun gunung unggah gunung bae atuh !
Ngaing bisa begkok dina tjokor
Bisa bengking dina tuur
Eudjeung bengkok tina bobokong !
Yeuh, ngaing njeri tjangkeng reureundahan !
Njiar atuh djalan anu rata …. !
TJeuk Si Lengser :
Gusti !
Di ieu djagat mah euweuh nu rata !
Aya geh rata rata
Rata rata pada sarakah !
Ti gunung beser
Urang Padjadjaran nararindak rada ngidul !
Nja andjlog ka sisi walungan
Lebahan wahangannana memang lega
DJeung ngotjorna kentjeng djasa
TJeuk Radja :
Kumaha … ?
TJeuk Si Lengser :
Kieu …. !
Ladju gawir sabrang wetan anu kidul
Diratik ku Si Lengser
Abeh wahangan teu lega teuin
Sina mahi heureut pieun njabrang !
Ladju njarabrang
Tapi saban njabrang
Ladju bae pada katarik tjai
Anu njedot tjara tjai di pamontengan
Sabab wahangannana djadi heureut … !
Nu njarabrang katarik tjai
Tepi euweuh saurang geh anu palid
Sabab sakur aya nu eudeuk ngaleyong ngagaleyong
Ku batur batur geuwat ditarik !
TJeuk Si Lengser :
Amun kieu bae mah
Saban saban katarik bae tjai
Moal eudeuk urang bisa datang ka sabrang !
Ladju injana ngagulutukkeun batu gede
Nu gede na gede djasa
Sok di tengah tengah wahangan !
TJeuk Si Lengser :
Luntjat batur luntjat !
Njabrang the bari laluntjatan !
Nja kabehan pada laluntjat
TJara lutung laluntjatan …. !
Anggeus kabeh pada njabrang
Si Lengser eudeuk mulangkeun batu ka urutna
Ladju mapatkeun adjian !
Tapi hanteu engeuh
Tadi the eukeur nantung di sabrang kulon anu kaler !
Ari ayeuna
Inja aya di gawir sabrang wetan anu kidul !
Atuh nadjan adjiannana bener
Wayah mapatkeunnana bener
Tapi
Ari njanghareupna hanteu bener mah
Atuh kadjadiannana teh
Hanteu bener !
Lain batu unggah deui ka urut
Dina gawir sabrang kulon
Tapi batu
Babtu njuruntul ngudag Si Lengser
Dina gawir nu beulah wetan …. !
Ku adjian salah njanghareup
Lain gawir wahangan nu beulah wetan anu mundur
Ari Si Lengser ?
Lantaran nepak dina adjian
Injana mah hanteu kabawa mundur dina gawir
Tapi
Gudjubar bae
Ragrag ti gawir nu eukeur mundur !
Batu gede
Nu njuruntul di tjai nu ngotjor kentjeng
Geus parek djasa ka Si Lengser
Reg ! TJeuk Si Lengser
Batu the ladju ngarandeg !
Ladju tjeuk Si Lengser :
Ayeuna kieu !
TJitjing sia didinja
Pieun tetegr ka anak intju
DJadi panuduh ka nu narineung
Nu narineung ka Padjadjaran !
Isukan barehing pageto
Lebah dieu bakal djadi siru hiyang
Engon sia nanggowan wayah
Boga ngaran batu nunggul !
Engke
Dina djaman Uga Uga Ngawaruga
Sia mudu timbul deui !
Sabab anggeus wayah
Bakal muka
Panti ka gedong
Rame masar di palabuhan !
Tunda !
Urang tangowan mukana panto
Pieun nempo ka palabuhan
Anu rame ku pasaran …. !
Tapi,
Amun urang Sunda deuk sagala
Nunda deui nunda bae
Sagala gala
Deuk ditanggowan bae
Mantak Bangsa Sunda
TJara batu paluntjatan …
Beuki ngalelep beuki ngalelep
Ditarintjak ku sakur anu laluntjat …. !
Bangsa Sunda mudu timbul deui !
Tapi lalakon urang Sunda pandjang keneh !
Amun kabeh ditunda tunda deui
Iraha atuh piangeuseunnaaaaaaaaa ?
Ayeuna mah
Anu pandjang urang teukteuh
Anu pondok urang tjongoan
Anu heureut urang tileupkeun …. !
Beusi kaboro beurang !
Pamali !
Mantak kapuheulaan mantare
Ku nini nini nundutan keneh
Anu kiih kasalahan …. !
Baruk injana meureun tjonggang
Ari horeng
Keuna sungut aki aki
Nu keur kerek bari njalangap … !
Urang tuturkeun deui bae Si Lengser
Anu leumpang deui panghareupna !
Sabab injana mudu terus bae njatjar
Njaangan ddjalan nu masih keneh mudu disorang
Ku urang Padjadjaran djaman harita
Ku urang Padjadjaran djaman kiwari
Ku sakabeh urang Padjadjaran
Nu tingsalindung di ngaran Sunda !
Leumpang Si Lengser madju ngidul
Rada ngidul rada ngetan ….
Nja engkena teh
Andjog ka palabuhan anu lega
Apluk aplukan lega djasa
Ngan heureutan
Manan tegal Si Awat awat
Di lebahan anu upluk uplak
DJeung legana satungtung deuleu
Loba gunung eudjeung pasir
Loba leuweung djeung tegalan
Saling saling seselangan …. !
TJeuk urang Padjadjaran :
Lengser ! Aki ! Bapa !
Urang the lebah mana ?
Asa rarasaan tjara di urang ?
TJeuk Si Lengser :
Karuhan !
Taneuhna leuweungna djeung gunungna
DJeung sakabeh anu kadeuleu
Emang geh urang nu boga !
TJeuk urang Padjadjaran :
Ku naha atuh sedjen rarasaan ?
TJeuk Si Lengser :
Sabab ieu taneuh
Ieu teh taneuh warisan !
Urut baheula Sang Hiyang TJiung Wanara
DJeung Sang Hariang Bangah
Saling awaskeun ti kadjauhan
Memeh galungan di sirah TJi Kangsa !
Tah eta the sabab sababna
Ieu taneuh disebutna taneuh DJampang !
Ladju nanarindah deui
Aya andjog engke the ka hidji tjurug !
Reg kabeh pada ngarandeg
Lain ngarandeg deuk rareureuh
Tapi lantaran
Radja urang
Ngadak ngadak ambek rosa …. !
TJeuk Radja bari ambek djeung popolotot
Popolotot molototan
Ka sakur nu kadeuleu ku mata Radja :
Pieun nahaeun ngaing djadi Radja
Ari hanteu boga Nagara mah ?
Ngarah naeun ngaing leuleuweungan
Leuwih hade
Perang deui ….. !
TJeuk Si Lengser :
Kapiran !
Anggur pikir sing lantip !
Naeun pibatieunana
Amun perang ninggang di eleh deui ?
Sabab perang Gusti
Lain perang lantaran wani
Tapi lantaran kadjurung napsu
Dipadaya ku amarah … !
TJeuk Radja :
Ngaing deuk mulang deui
Mapag musuh nu njarusul …. !
Sabab
Amun Nagara teu direbut deui
Moal deuk ku ngaing kabogaan deui !
TJeuk Si Lengser :
Ulaaaaah Gusti ulah !
Balad urang kari sakieu !
Tapi musuh
Balad arinjana tambah loba
Sabab arinjana mah
Lain bae perang make gobang
Tapi bari ngawur ngawur duwit edjeung djangdji
Ngabengbat somah anu elodan …. !
Kiwari musuh teh
Tiiiiiiiiiilok djaya musuh the
Moal deuk buntu saumur umur ?
TJeuk Radja :
Eudeuk djaya eudeuk apes
Ku maha ngaing beeee …… !
Tapi Nagara mudu direbut deui !
TJeuk Si Lengser :
Heu euh ngarti ngartiii …. !
Tapi dengekeun
Meyong teh gagah nadjan galak
Tapi nadjan gagah nadjan galak
Tara maung deuk ngahadja
TJampurkeun pibaheulaeun nu injana njaho !
Tiiiilok eudeuk maung asup keuna gorogol
Amun unjana njaho keur ditaheunan … ?
Yeuh dengeukeun !
Nadjan dia nu djadi Radja
Tapi hanteu muuuuuudu
Balad urang anu ngan kari sakieu
Sina pararaeh
Dina melaan anu lain belaaneun deui !
Gusti dengekeun !
Memang dia nu djadi Radja
Memang dia sagala wenang !
Tapi eta kawenangan
Aya wate aya wayah !
Lain di wayah eukeur kiiiiieu
Mudu dia sakarep karep
Sapedah dia nu sagala wenang !
Balad urang the kari sakitu
Tuh deuleu …. ! Kari sakitu !
Ulah dia nurutan peusing
Bener sireum sahundjur lobana mangdjuta djuta
Ku peusing sahidji
Memang bisa ledis !
Tapi sing inget !
Kumaha awakna peusing
Kumaha awakna sireum ?
Sakumaha gedena peusing
Sakumaha leutikna sireum ?
Eudjeung ulah poho
Anu Nunggal Maha Agung
Geus ngamudukeun
Moal peusing hidji
Eudeuk paeh ku sireum loba sadjuta !
Gusti !
Nagara Padjadjaran Tengah teh
Ngaran Nagara urang di djaman baheula !
Ari legana mah
Sakitu keneh sakitu keneh
Ti darat datang djauh ka tengah sagara !
Tah eta kabeh teh
Boga dia keneh dia baeeeeee … !
Urang njabrang !
Urang ngadegkeun deui dayeuh di nusa larang !
Pieun nanggowan wayah
Asak samangka beulaheun lima …. !
Tunda !
Paralun Radja !
Radja beuki ambek bae !
Lain ambek ka Si Lengser
Lain ambek lantaran dipapatahan !
Tapi ambek beuki ambek
Sabab njeri tambah njeri
Mudu eleh sabab di hurup …. !
Amun musuh ngan sanagara mah
Lain musuh anu dibantuwan tilu nagara
Eleh geh
Teu panasaaaaaaaran … !
Parabu Agung Siliwangi Radja Sunda
Injana mundur kadesek …. !
Mudu eleh ? Eleeeeh …. ?
Lain Parabu Agungna anu eleh
Lain Radja Sunda anu eleh !
Tapi memang Bangsa Sunda anu mudu eleh
Kadesek di DJaman harita
Kadesek di DJaman kiwari
Malah eleh
Di djaman nu eukeur datang
Kadesek kaelehkeun
Salilana opat djaman
Nu kabelna
Opat kali djangkep 100 taun ….. !
Radja Padjadjaran ambek djasa
Keur ambek bari tetendjrag ….
Datang taneuh salega djampang
Mani eundeur tjara keur lini !
Loba lebah anu urug
Lain urug taneuh ti ruhur
Tapi arurug patinggerebro
Blangblong tjararopong di djero taneuh
TJara sumur di handapeun kulit taneuh pangluhurna !
Tah kitu sabab sababna datang ka kiwari
Di tanah djampang loba lahan ngadak ngadak
TJararopong euweuh nu ngali
DJariga sumur euweuh dasarna !
TJeuk Radja :
Mun Nagara geus karebut musuh
Tapi ngaing teu odjah bae
Lengser
Padjadjaran baris musna sagala galana !
Malahan engke di djaga
Bakal dipararungkir urang dihurup !
Bari dipadjarkeun
TJeunah lain arinjana mararaksa
Lain arinjana
Nitah ganti sinembah bari gobang di abar abar !
Tapi Padjadjaran musna teh
Lantaran ngalawan Sembaheun anjar bawa arinjana !
Lengser !
Saha anu djaga deuk djadi saksi ?
Pieun mere njaho saheu euhna
Lain Padjadjaran nu nangtang perang
Lain mungpang boro bedegong
Lain hanteu purun ganti Sinembaheun
Lain ngalawan Sembaheun anjar !
Tapi sabenerna saheu euhna
Padjadjaran teh
Manadeh keuna dipaksa !
Lain sembaheun anjar nu teu di aku
Tapi
Padjadjaran teu sudi ganti Sembaheun !
Ari bari mudu djadi badega
Ngagung ngagung nu ku urang mawa eta
Sembaheun !
Lengser !
Amun ngaing mudu ngawaro sia
Teu beda anging the siki
Dipelak djero pirunan hurung !
Tilok eundeuk bisa djadi pepetetan !
TJeuk Lengser :
Gustiiiii … !
Lalakon urang geus digalurkeun
Ditetepkeun ku Nu njieun lalakon
Lalakon djagat Padjadjaran
Lalakon alam Sunda Papantunan !
Urang Gusti anu ngalalakonna !
Lain urang
Anu njieun lalakon mah !
Anu njieunna mah
Tuh itu Nu di ditu ……
Nu Kawasa Sagala Wenang
Nu Ngusikkeun Nu Malikeun
Nu Nguripan Ngahirupkeun …. !
Mun tjeuk Injana mudu kieu
TJeuk Injana mudu kitu
Saaaaha nu eudeuk bisa mungpang
DJaya atawa apes …. ?
Hanteu biiiiisa siki djero pirunan hurung
Di buritna djadi pepetetan ?
Gusti ! ( TJuruk Si Lengser bari nundjuk ka ruhur )
Hanteu mudu bahan pieweuheun
Ari gawe Injana eundeuk dikitukeun mah !
Geura !
Kabeh tjai !
Nameh djaradi walungan gede
Bidjil heula tina liang
Di pagunungan anu djauh ti muharana !
Muharana
Ngotjorkeun keuna sagara !
Tetela tjai anu ti gunung sakitu djauh
Geuning bisa datang ka sagara djauh
Bisa tepung eudjeung laut !
Tapi laut ? sagara ?
Tiiiiilok eundeuk bisa ngandjang
Ka sirah tjai walungan anu di gunung sakitu djauh ?
Tapi amun anggeus datang keuna wayah
Diusikeun ku Anu Njieun lalakon
Ngan saseblok Gusti
Nadjan di daratan anu anggang
Ruhur gunung anu djauh
Saseblok Gusti ngan saseblok
Ku sagara bisa kalimpas ….. !
TJeuk Radja bari neuleukeun tjurug :
Heu euh !
Tapi nahaeun atuh gunana
Di Nusa Larang naded dayeuh
Tapi Nagara nga saribak ampok ampok ?
Ari anu lelegana direbut musuh …. !
Amu Nagara lelegana djeung dayeuhna
Geus karebut musuh
Nagara Nagarana bakal leungit digaranti !
Leungit ngaran Nagara
Oge leungit ngaran ngaing … !
Ngaing deuk mulang deui
Sorangan !
Ka sia Lengser
Ngaing mihape
Amun ngaing ninggang di apes
Mudu djadi babatang di tegalan pangperangan
DJaga ku sia sing ngaran Padjadjaran
Ulah bisa datang ka laas diusap djaman
Ulah bisa lebur ngawun ngawun
Ulah beunang ku angin dibawa leungit !
TJeuk Si Lengser :
Urusan ngaran Padjadjaran mah
Ulah salempang !
Loba tukang mantun ieuh !
Tapi amun eudeuk perang sorangan bae
Ulaaaah …… Sabab kapiran !
Geura …. Tegaskeun atuh !
Tina dengdekna matapowe
Tina baranangna bentang djanari
Tina handuru maung ngagaur parek ka isul
Tina manuk dudutsora njalatok
Apanan geuning sakitu angeus tetela
Urang the eukeur malang dina apes
Mun ngalawan musuh meudjeuh keur djaya !
Leungitan ngaran mah
Ulah salempang, sabab
Ngaran hade teh pamere batur
Ngaran goreng mah rekaan musuh !
Ari ngaran Gusti mah
Apanan SILIWANGI …. !
Lain wawangi anu kasilih !
Tapi Sili dina harti basa urang
Basa urang Padjadjaran !
Harti Sili di basa urang
Nja eta Langgeng !
Ari Wangi
Mudu dihartikeun ku basa urang
Ulah dihartikeun ku sedjen basa
Nadjan saruwa dina Sundana …. !
Sabab Wangi basa Padjadjaran
Hartina teh Kasutjian anu Sadjati !
Ulah salempang ! Ngaran Gusti moal leungit !
Sabab
Nadjan dilebur ku nu harasud
Moal ngaran Gusti baris leungit
Moal musna ku supata
Moal leungit ku panglarang !
Lantaran saban djaman
Wangi deui Wangi deui
Tina Pakudjadjar beukah kembang
Eudjeung baris tetep bae langgeng
Diaweuhkeun ku tjeluk Pantun …. !
Salila urang Sunda
Barisa keneh njaratu kedjo
Memang ngaran Gusti bakal diparopohokeun !
Tapi engke baris datang djaman
Urang Sunda
Harayang disarebut Bangsa Sunda
DJeung harayang diaraku rawayan Padjadjaran
Gara gara keuna panggung sasemaya
Budak angon ngalungkeun sayan tawon
Sabab injana geus sebel djasa
Neuleu monjet monjet raradjaan
Bari ngekekesek somah anu mudu
Mandjakan bari njuguhan …. !
Tah ku eta budak angon anu eta
Loba urang Sunda djadi panasaran
Ladju ngaruktjruk ngiku ngorehan
Pada pada harayang njaho
Saaaaaha saenjana
Anu ku Pantun disebut sebut Parabu Siliwangi !
Kiwari musuh meudjeuh keur djaya
Lain lawaneun di wayah kieu !
Mending oge ngelehan heula !
Lain ngelehan urang ka musuh
Tapi
Ngelehan ge urang ka waktu ….. !
Lain wayah
Kiwari urang ngabales !
Apan engke di djaman anu bakal kasorang
Bakal nangtung djelema djangkung
Tutundjuk di alun alun …. !
Tah eta
Etaaaa anu engke baris mangnalukkeun musuh !
Ayeuna mah
Hayu urang njabrang
Urang ngadegkeun dayeuh deui
Dayeuh anjar di Nusa Larang !
TJeuk Radja :
Ari kitu mah, atuh hade !
Ngaing nurut ka dia Lengser !
Urang nindak ka panjabrangan … !
TJurug anu tadi, engke the disarebutna
TJurug pamerangan
Sabab di dinja Si Lengser merangan napsu Radja
Ngan bae, kiwari aya sababaraha tjurug anu dipadjarkeun
TJurug Pamerangan, datang ka euweuh anu njaho deui
Bener anu mana anu saenjana tjurug pamerangan anu saestu !
Ti tjurug anu tadi
Urang Padjadjaran nararindak mapay ka hilir ….
Datang ka palebahan tungturunan
Anu kaurugan unggul unggulan
Ku wungkul talapok awi …. !
Engke djaga di palebahab dinja aya lembur leutik anu boga ngaran Salumpit !
Di lebah dinja
Kabehan njararabrang ladju unggah ka sabrang wetan ….
Datang deui ka lebahan anu datar
TJeuk Radja :
Lengser djiga na mah di dieu oge hade !
TJeuk Si Lengser :
DJigana mah hanteu hade
Amun Gusti di dieu ngadegkeun dayeuh !
Tah eta geuning tjiri tjirina
Tanah di dieu teh labuhan bulan !
Mantak ge Gusti
Ari djadi Radja teh
Ulah sok tetendjrag kamalinaan !
Tah kieu djadina
Di sagala ieu taneuh djampang
DJadi be ngali sumur teh
Hanteu meunang sakali kali karep bae
Sabab di handap di djero taneuh
Loba lebah anu karantjang …
Kapeung kapeung di djerona
Taneuh teh tjopang
TJara sumur nuao teuin saha nu ngalina
Tapi djerona
DJiga parat tembus djagat …. !
DJeung deui amun di dieu ngadeug dayeuh
Engkena the narik kolot
Tapi amun di djieun babakan
Engkena teh baris djadi lembur gede
Anu subur pieun nu suhud
Baris djembat pieun nu sabar
DJeung pibetaheun pieun nu harade pangadegan !
Datang kiwari eta babakan aya keneh disebutna oge
Pangadegan
Tapi anu kiwari disebut babakan djeung anu disebut
Pangadegan lain lembur lembur anu baheula ditjitjingan
Urang Padjadjaran sabab babakan pangadegan anu baheula
Mah ayana the parek ka situ hiyang
Anu harita ngababakan
Ngan aya tilu kuren
Urang Padjadjaran anu sedjen na mah
Ladju deui nuturkeun Radja ka panjabrangan
Narindak ngetan ngidul ngetan deui terus ka kidul
Andjog ka tegalan lega djasa
Anu djadi sampalan banteng djeung mandjangan
Harita mah
Tegal teh buleud
Lobana batu teuwas hideung djeung harerang …
Bari nanggowan batur batur nu pandeuri
Radja ngarereb di tegalan buleud barengan batu hideungna !
Si Lengser djeung para kokolot
Para sambilan djeung para djaro
Haliwu njieun parahu
Ngarakit rakitkeun bitung pigetekeun …
Genep beurang genep peuting
Parahu parahu kari ngadayung
Getek getek kari ngabaseh djeung kari nulak …
Ladju datang peuting anu ka tudjuh
Kabehan pada sadiya
Sadiya timbel pagede gede
Sadiya leumeung pagede gede
Sadiya lodong pagede gede …
Sabab beurangna kabehan eudeuk njarabrang
Ngaranna oge anu deuk njarabrang ka Nusa Larang
Anggang djasa ti daratan
DJauh djasa ti panjebrangan …
Karuhan mudu mani bebekelan
Lauk mah
Kari nambay bae di sagara
Tapi ari nginum mah
Da nga penju eudjeung lauk
Nu sok ngumun tjai sagara mah !
Mantakna urang Padjadjaran marekeul tjai pieun inumeun
TJai pantjuran paloba loba
Dina lodong pagede gede …. !
Bray beurang
Kabehan narindak ka basisir …. !
Tapi barang anggeus parek
Laut the ngadak ngadak tjaah
Bari motah pikeu eungeun ….
Ombak ombakna luntjat ka darat
Raruhurna salaput haur ….. !
TJeuk Radja :
Ku naha kieh ?
TJeuk Lengser :
Memang kieu !
Mantak kieu
Sabab kitu
Sabab anggeus meureun mudu kieu
Lalakon urang teh
Ngan datang ka lebah dieu !
Ladju Radja teh tjeurik
Si Lengser oge ladju tjeurik
Balad balad ngarilu tjeurik
Kolot budak pada tjeurik
Pada tjeurik tjareurik sedih …. !
Sabab geuning heueuh
Nadjan malik nadjan usik
Moal malik moal usik
Lamun malik na teu diusikkeun !
Kasaaaaaha …. ?
Ku Radja sakabeh Radja
Ku Guru sakabeh Guru
Nu ngaraton teu make waton
Nu imah injana tjaang ngagentjlang
Nja injana
Nu ngabogaan sakabeh djagad
DJeung ngabogaan sakabeh alam !
TJeuk Radja :
Lengser !
Ngaing pasrah …. !
Kumpulkeun sakabeh balad sakabeh somah
DJeung sakabeh anu ngalilu …. !
Ladju Si Lengser nabeh bende
TJewewew …. TJewewew
Wiiiiiiiw ……….. !
Bende Si Lengser teu daekeun harus
Tapi
TJewewew sember …..
Ngawiwiwna ngawiwiw sedih ….
Kumpul, batur ! Kumpul !
Radja eudeuk njarita …. !
Urang Padjadjaran ladju kumpul
Kararumpul sabari tjeurik …….
Rabul anu daratang pandeuri
Ladju kararumpul sabari tjeurik …..
Tapi hanteu njararaho
Naeun sabab make tjeurik ….. !
Eta kitu
Sapeda neuleu batur batur pada tjeurik
Ku nahaeun atuh tjeurik ?
Njaaaaaaaaooo ……
Asal katembong tjerik beeee …. !
Kabeh pada tjeurik
Tapi pada tjeurik beda beda
Aya anu tjeurik balilihan
Aya anu tjeurik elih elihan
Aya anu tjeurik inghak inghakan
Aya anu tjeurik gagaukan ….
Aya anu tjeurik kokosodan
Aya anu tjeurik bari gogoleran
Aya anu tjeurik bari lolongseran
Aya anu tjeurik bari adjol adjolan
Aya anu tjeurik bari kokorondangan
Ata anu tjeurik bari lulumpatan …. !
Anu sabari nonggengan bae oge …… Aya !
Anu sabari sungsat singset geh aya
Anu sabari sururunday geh aya
Anu sabari pahareu hareup …. Oge aya
Anu sabari patukang tukang …. Oge aya
Anu sabari ngumpul sabatur …. Oge aya
Malah
TJeurik ngan sorangan bae oge ….. Aya !
TJindeukna mah
TJeurik beeeee ……
TJeurik pabisa bisa djeung
TJeurik pabedas bedas …… !
Malah aya anu tjeurik dilalagukeun
Ngadingdiut tjara aul
Ngahihih tjara hingkik
Ngahuhuh tjara haruhuh
DJeung aya anu
TJara dudut bari njalatok
TJara helang nantang hudjan
TJara begu diusum wayang …. !
Nu tjareurik di bagi tilu bubuhan
Anu tjareurik tjimataan
Anu tjareurik teu tjimataan
DJeung anu tjeurik
Mata teh dibalur ku tjiduh
Abeh djiga tjimataan …. !
Tapi anu aneh ?
Ku naha nja euweuh aya anj tjeurik bari heheyotan ….. ?
TJindekna mah
Meunang tjareurik sakabisa sewang sewangan
Sabab djaman harita mah
Euweuh aturan ti Nagara
Anu ngamudukeun tjeurik the
Mudu sakaresep pangagung bae !
TJeuk saurang anu anjar datang :
Kunaeun sih dis tjeurik ?
TJeuk anu di tanja :
Atuh ku suuuuuuuungut …. !
Ladju eta duaan teh tjareurik sabari sareuri …. !

Tidak ada komentar:

Posting Komentar