Rabu, 03 Agustus 2016

Sehat ala karuhun: “meuweung”

SUMBER : HTTPS://NCEPBORNEO.WORDPRESS.COM

Sehat ala karuhun: “meuweung”

foto Nenek dan Cucu RUSTAMADJI
Lamun urang ningali kolot anu keur ngahuapan budak bari eta kadaharan keur budak teh dibeuweung heula ku eta kolot, kadang sok ngarasa jarijipen, geuleuh, komo mun eta kadaharan anu di beuweung teh dihuapkeun ka urang, pasti hayang utah,,, hihihiii
Satukangeun tina kageuleuh jeung rasa jarijipen eta, baheula lamun urang tanya ka indung urang pasti sarua eta laku teh tumiba ka urang oge. Beda jeung anu sok dilakukeun ku ibu-ibu jaman ayeuna. Pasti nyaritana teh geuleuh jeung loba bakterina, jeung pipanyakiteun.
Sabenerna luluhur urang (kolot-kolot baheula) teh geus apal kumaha kuduna ngurus jeung ngagede keun budak ti orok. Tah salah sahijina tina mere asupan kahakanan ku cara di beuweung supaya lembut, jeung ku budak (orok) bisa didahar jeung langsung di teureuy.
Singkirkeun heula rasa geuleuh jeung jarijipen dimana ningali kolot mere dahar kucara dibeuweung dimana ngahuapan budak. Coba ayeuna ilikan, naon manfaatna salain ngancurkeun kadaharan keurbudak kucara dibeuweung,,,
kieu,
– Dina baham manusa, aya anu disebut ciduh. Tah, eta ciduh teh loba manfaatna pikeun kahirupan manusana kitu oge pikeun kahirupan anu lain, contona budak orok anu dihuapan tadi. sabab, eta ciduh ceuk bahasa ilmiahna mah disebut Saliva nyaeta cai herang anu dihasilkeun dina diri manusa jeung sato hewan.
Dina ciduh ngabogaan sababaraha unsur, diantarana Elektrolit anu ngandung Natrium, Kalium, Kalsium, Magnesium. Oge Mukosa anu ngandung Mukopolisakarida jeung Glikoprotein, sanyawa antibakteri jeung sababaraha enzim sejena.
Dina ciduh oge aya zat anu ngabantu proses tatu/raheut pikeun manusa anu disebut Histatin, Histatin nyaeta protein anu dihasilkeun ku ciduh anu dipercaya bisa maehan bakteri-bakteri anu jahat dina raheut/tatu.
Ieu fakta anu ngajawab kunaon sababna raheut dina biwir atawa gugusi, saperti tatu beres dicabut huntu bisa cageur leuwih gancang dibandingkeun jeung tatu/raheut dina kulit atawa tulang.
Keur anu pernah dicabut huntu mah pasti bakal ngarasakeun lamun saeunggeusna dicabut eta iduh kaluar teu eureun-eureun, tah awak mah bisa ngarespon jiga kitu, silih bantuan, silih dukung pikeun kahadean.
Atawa keur anu pernah sariawan, pasti karasa lamun ciduhna malah beuki loba, ngacay jeung sok disuruput-suruput,,, majar keur sariwawan,,, hihihiii
balik deui kanu perkara MEUWEUNG KADAHARAN keur budak orok.
eta teh alus pisan, sabab budak orok can boga huntu jeung can bisa ngagayeum. Sabab ciduh bakal gampang kaluar dimana gugusi jeung huntu ngagayeum, sedengkeun budak?,,,, tah numatak dibantu ku ciduh kolotna.
manfaatna keur budak, nyaeta :
– bisa ngancurkeun kadaharan anu geus digayeum leuwih lembut, jadi eta rasa kadaharan teh bisa karasa ku eta budak jeung leuwih gampang asupna.
– ngiket kadaharan jadi ngaguruntul tapi gampang peuyar jeung gampang di teuleg.
– ngabantu supaya dina baham budak bebas tina jamur anu ngarugikeun.
– ciduh teh antiseptik alami
– nganetralkeun zat asam tina kadaharan anu didahar, jrrd.
Tah, jadi anu baheula atawa ayeuna anu sok dilakukeun keneh ku kolot-kolot urang dina mere dahar kabudak ku cara meuweung teh lain euweuh guna jeung manfaatna, tapi urangna anu euweuh kanyaho jeung mbung nyaho da kapiheulaan ku geuleuh.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar