Rabu, 03 Agustus 2016

– CATURUPAYA

Caturupaya hartina opat tarékah atawa opat usaha pikeun ngahontal tujuan. Tujuan nu rék dihontalna taya lian pikeun jadi manusa nu sampurna ngajalankeun tugasna di alam dunya. Pedaran ngeunaan caturupaya téh dimimitian ku siloka nu diwangun ku dua padalisan. Dina sapadalisanna ngandung dua kalimah nu ditandaan ku ayana tanda baca (fungtuasi) dina naskahna. Sanajan dina pedaranna mah aya dalapan istilah nu ditétélakeun, tapi bawirasa nu dimaksud ku istilah ‘catur’ (opat) nya dumasar kana jumlah kalimah nu aya dina siloka éta, nyaéta (1) alékiem sitem getem, (2) jrebanem kadaranem, (3) sudem palaharasiem, jeung (4) nakabatéh.

Aya sawatara nu perlu dicatet tina istilah-istilah Sansekerta nu ditataan di luhur téh,

  • alékiem téh tina basa Sansekerta ālekhana nu hartina ‘gambaran, lukisan’ (Z 24). Harti ieu téh luyu jeung pedaran dina téks nyaéta henteu hadé murid nu hayang séwaka darma nyokér taneuh, nulis-nulis padung, jeung panglungguhan saré.
  • sitem tina sita ‘bodas?’ (Z 1105). Ma’nana henteu jelas, ningali konteksna naha nu dimaksud téh huntu anu bodas?
  • getem tangtu tina gīta (Skt) ‘nyanyian, lalaguan’ (Z 300), nu matak narik téh dina bagian ieu disebutkeun kecap ngawih jeung ngidung. Naha ngawih jeung ngidung nu dimaksud téh ngandung harti lalaguan sacara umum, atawa ngandung harti téknis, saperti aturan wirahma (métrum), jsté? Pedaran nu leuwih jéntré kungsi dimuat dina Cupumanik No. 79 kaca 25-29.
  • jrebanem tina Skt jrmbana ‘heuay?’ tapi dina konteks ieu mah patali jeung kaayaan beuteung.
  • kadaranem tina Skt dharana ‘kasangsaraan’, luyu jeung pedaran yén jalma téh teu meunang humaregung ogoan, némbongkeun katuna jeung kasangsaraan dirina.
  • sudem tina sudha ‘suci, beresih’, maksudna kaayaan haté jeung pikiran kudu diusahakeun beresih, teu meunang api-api, beungeut nyanghareup ati mungkir.
  • palaharasiem tina Skt phalāhāra (Z 736) ‘ngadahar bungbuahan’, dumasar konteksna mah jigana nu dimaksud téh dahar saperluna, jeung nu didahar nyaéta naon anu jadi hakna, lain ngadahar hakna batur.
  • nakabatéh ma’nana teu jelas, tapi tina pedaranna mah nuduhkeun paripolah teu sopan ka nu jadi guru.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar