Rabu, 03 Agustus 2016

Sehat ala Karuhun: “ NYEKER “

SUMBER : HTTPS://NCEPBORNEO.WORDPRESS.COM

Sehat ala Karuhun: “ NYEKER “

nyeker
Loba kauntungan dimana lumampah kucara nyeker pikeun kasehatan awak urang, nyatana alus pikeun:
– Ngabengraskeun pipikiran
Waktu ngalengkah teu make tarumpah/sendal atawa sapatu, tingkat kawaspadaan urang anu langsung (spontan) bakal naek. Sahanteuna waspada pikeun lengkah anu rek dijejek, naha aya cucuk rungkang, batu, atawa barang2 anu matak nyilakakeun jeung bisa matak tatu dampal suku. Teu disadar, kaayaan ieu bisa nyieun pikiran leuwih waspada (caang) jeung ngarangsang tujuan (fokus) pikiran jadi leuwih hade.
– Refleksi haratis
Dina dampal suku loba pisan titik refleksi anu ngait kana ampir bagean tina awak. Naon wae anu kadampal dina ngalaku, anu renjul kusabab batu leutik, atawa kaayaan lemah anu kasar anu kaidek bakal ngarangsang titik-titik refleksi suku. Kadang mimitina mah bakal karasa peureus jeung nyeri, tapi ngabogaan efek anu positif dina ngurangan panyakit awak.
– Ngurangan Stress 
Loba anu naliti nyarita, yen ngalampah bari nyeker dina jukut bakal ngabantu ngurangan rasa kahariwang jeung depresi. Leumpang bari nyeker bakal ningkatkeun kadar hormone endorphin anu ngakibatkeun kaluarna rasa gumbira.
– Tibra Sare (sare anu berkualitas)
Leumpang nyeker dina jukut bisa jadi obat pikeun anu teu bisa he’es (imsomnia). Loba anu sare lila tapi asa sakeudeung, aya oge anus are sakeudeung tapi asa lila. Tah anu kadua eta anu kaasup sare berkualitas.
– Leumpang Nyeker bisa ngarenggangkeun sakaligus nguatkeun urat tendon, ligament jero, pigeulangan suku jeung bitis. Ieu bakal ngabantu pikeun nyegah tijalikeuh, tegangna tuur jeung sakabeh ceceklokan (sendi) oge masalah tulang tonggong. Nyeker oge ngaktifkeun gawena urat anu ngabantu dina ngajaga dedeg pangadeg awak jeung kasaimbangan awak. Urat ieu moal aktif dimana urang make tarumpah/sendal atawa sapatu.
Nguras racun dina awak
Lemah/Bumi ngabogaan ion nehatif anu boga gawe pikeun ngalunturkeun racun dina awak (detoksifikasi), ngurangan efek radang, nyingkronkeun gawe siklus hormone jeung irama fisiologis, oge efek anu tenang dimana urang nyeker.
– Nyehatkeun Jiwa
Nyeker teh ngadeukeutkeun hubungan diri jeung alam. Leuwih gampang ngarasakeun handeutna panon poe atawa hiliwirna angina nu nebak kanu tatangkalan.
Anu gampangna, dimana leumpang nyeker teh alus pisan pikeun kasehatan Pikiran, Awak Jeung Jiwa.


Tidak ada komentar:

Posting Komentar