Kamis, 22 September 2016

Adat sareng adabna dina meureumkeun soca

Sumber : ncepborneo.wordpress.com

Adat sareng adabna dina meureumkeun soca, bade bari calik, sila atanapi ngagoler,,, sami wae.
– Peureumkeun soca
– Tariknapas anu jero sing lantip, dugika teu tiasa nganapas deui,,,
kaluarkeun lalaunan dugika seep, ulangi 3 kali tarikan.
– bari peureum tetep eling sareng perhatoskeun napas anu kaluar kajero.
lajeng diaos dina manah ieu dunga:

Sampurasun,
Hung nu maha agung
Kuring jati-na manusa
sanga badan tan kawala
ati eling lintang gading
dangdayang sarining kembang, keur bawaeun.
Hung jati-na kuring
inten-inten ing manusa
nulungguh di pulo napas
medar tanpa wawayangan
hirup teu keuna kupati,
langgeng teu keuna ku obah
hirup langgeng salawasna
Hung,,, Ahung !
Hung,,, Ahung !
Hung,,, Ahung !
HUNG di kretegkeun dimana narik napas,,, AHUNGdikretegkeun dimana ngaluarkeun napas.

teras di aos, sakadugana teu kedah nganggo etangan.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar