Senin, 23 Oktober 2017

Pepeling Prabu Siliwangi

Pepeling Prabu Siliwangi
Ayun ambing ayun ambing, si utun nya geura nyaring geus nyaring sumangga nyandung.saha eta anu bade sumping geura papag geura giring pakakas sinar sinungling kebo bule macan runcing .

saha anu hanteu eling berul amberul teu aya langling anu kedah silih geuing satungal batur teu eling anu kedah silih geuling iman marifat kudu nyandung

 tetegkeun raga awaking supaya jadi ulah langljng waktu sapoe sapeuting diri saha anu nyangking saterangna manusia ginding

sakedap deui bade sumping munding bule rupa kuring gagah rongkah kaliwat saking opat ratus balad ngiring ratu boyongan anu nyanding nu kasebat ratus jungkering

 maksadna rek ngadu tanding burak barik munding runcing jegursiwur sinawuran soar siamuk geuruman tujuh kali patembalan

metuna jurig setan siluman kabeh pada leungit iman pada leungit sandang pangan jelma jelma kabeh katurelenganpada gugur babarenganheunteu aya nu nulungan

susumbar ratu nu tadi bongan maneh teu ngahiji cunuk waktu ningang wangi kanu arek indit ti bumi lilana sasuka kami angan jangji kami anu tadi kanu suci jeung ngahiji

lamun maneh acan sami lami kami ningalkeun bumi dimana maneh nges sami kami pasti balik deui nagan janji kami anu tadi kamu suci jeung ngahiji

tangtu betah kami ngahiji saupami anjeun sami pasti suci sareng mukti di sarengan nyata ku kami naon kahayang pasti tepi apan aing ngarah nyai seri

puhu ratu siliwanggi anu geulis pasti kami dimana jalma manusia anu ngari sareng nyesa katiban pangawasa jadi manusia wisesa

da tadi na sok ngabakti nyumponan kahayang kami moal jauh meneh jeung kami pamulang asihna kami pasti terang maneh ngari campur ripuh maneh seuri

nyata ratu ing manusia nu bisa nyapih pasea di muka bumi nu lega campurna angkara murka anu hayang pada mulya anu nyapih na jelma hina

sumping jalma hina ka jalma teu diupama pedah gorengnya rupa padahal eta ratuna nu nyumput goreng bajuna anu nyapih na jelma hina

anu bisa mere adil ka sakabeh, nu di damelna geus ditugaskeun ke abdina dipiwarang jadi wakilna di muka bumi langit na gusti idin jadi ratu anjeuna

iyeu aing geus waktuna nyakrawati di bumina geular aing jeung sucina jelma anu nyesena jadi manusia sempurna di panggihkeun jeung mulyana

aing nyata ratu sunda iyeu bumi anu saha .jin setan silumannasia balik ka asal sia tempat tadi di manacicing sia teh dimana

 jadi tangtu manusia suci diri bukti cipta gusti sadar suci anu ngari anu dugika kiwari ratu pasti anu suci

sang ratu kabeh satuhu kabeh jelma theh rahayu sandang pangan pada ngabaju gemah ripah nya tangtu subur makmur tangtu milu


ratu tangtung aing wujudna ratu mimin damar wulan ratu adil palamarta ratu gemah ripah lohjinai ratu pasti nami gusti jungjunan langit pangeran kudrat pasti

Tidak ada komentar:

Posting Komentar