Rabu, 25 Oktober 2017

Rajah Sumedang

Rajah Sumedang, Bapak Darsum Dipa Atmaya (Ki Kebo Kenonggo).



Neda widi ka Gusti
Seja nyukcruk galur kapungkur
Mapay laratan baheula
Nu ka campa ku rasa
Nu natrat dina tutulisan
Nu ka toel ku hate
Pang wuwuh na basa lisan
Katepi ku pikir
Kajeueung ku panempo
Teu luntur ku waktu
Nu tumuwuh turun temurun
Teu ju’uh ku cai ibun
Sanajan geus rea nu leungit
Teu laas ku jaman
Budaya Sunda tetep ajeg
Dina jiwa manusa Sunda
wireh kuring kawakilan ku ...(nami anu gaduh hajat)
Pang tepungkeun jeung para lelembutan,

Tidak ada komentar:

Posting Komentar